~~ DINA LAWANG DUNYA ANYAR ~~
Saban kuring datang
Manehna mapag ku imut jeung teuteupan
Imut jeung paneuteup nu baheula
Tanda asihna nu satia
Tilu taun ti saprak kuring patepung
Tilu taun cinta gumulung
Seubeuh ku rangkulan jeung ciuman
Kari hiji deui nu ku kuring teu weleh dipicangcam
Kamar pasagi jeung ranjang
nu bakal ngarangkul urang duaan
Dina jariji meulit simpay katresna
Meulitkeun jangji tina ucap saihlaasna
~~ Odah jungjunan, terapkeun katineung na dada anjeun ~~
Ulah didagoan tepi ka carita nu panuntungan
~~ Sabab setan salawasna marengan kamana urang ngaringkang ~~
Dina mangsa keur nyorangan
Dijagragan kasimpenan
Langit-langit jeung dipan mawa ka alam panineungan
(oge meureun manehna, dina ranjang jeung kulambuna)
Hate nu hamham salawasna tumanya, sieun cintana geus musna
Lebah dieu kakangen ngarajaan sagala.
HAYAT S. HIDAYAT
Cibeunying, 16-2-65

Click here to donate to the Hurricane Katrina relief effort.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.