mairan saalit.. Eeeh kumaha nya.. saur abdi mah nganiley tasik ( nu kkn) waktu harita teu bisa dicap- kitu salawasna..---
 
ngaranna ge jaman globalisasi, teu beda dimana2 di indonesia mah kitu kaayaana.  kedah konprehensip atuh nilik jeung nitenna- ulah sawareh2 jeung potong2, komo deui pami nota bene na mahasiswa. teu sadar yen di lingkungan bumi si mahasiswa eta kaayaanna geus robah..
 
biasa wae atuh..
 
kajadian eta teu bisa diteumblehkeun atawa di tangkodkeun ka pasantren....cing atuh pa ci, macam mana awak cakap nie..
 
Baraya !! namina ge cariosan-- saperti angin lalu..
Tasik kentel keneh ku nu alus, tapi teu nganapikeun aya perobihan.....
 
siga anggota dpr tea nu ceplas-ceplos ning..
 
mangga.

"R. Duli Dimyati D." <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kaalaman ku nyalira waktos nuju nganggur di Bandung gaduh cita2 janten
tukang band, ngan teu kahontal kumargi kirang pas propesi eta sareng
beungeut abdi...mendingan janten kuli pabrik we...

Harita di komunitas eta pasti aya we nu abok, komo lamun bade mentas
mah, nu hayang abok, pura2 abok, aya bondon oge, siga bondon, jrrd...lah
pokona mah sagala rupa...siga lingkaran setan (buleud jurig?) katingalna
teh...

Kadieunakeun kuring kantos maca hadist (atanapi fatwa kitu?) anu
ngalarang seni musik...sugan kumargi kitu tea dilarang oge, seueur nu
kararitu. Leres aya anu pusitip, mung katinggalna mah langkung seueur nu
nehatip na. Janten katutupan anu sae na teh.

Kaitan sareng oleh-oleh ti tasik ieu, naha lain kelom geulis nya?...eh
sanes...naha ustad di pasantren eta teu terang aya larangan kana
perkawis eta?...naha agustusan teh kedah aya dangdutan?...

Siga na mah NKRI teu maju-maju wae teh kieu...ngarayakeun kamerdekaan
make goal-geol...unggal taun kitu jeung kitu deui we...panjat pinang,
balap karung, dahar kurupuk, jrrd...nu lain atuh euy...bosen! Nu beda
teh paling balap nyieun mol jeung ruko, pagede-gede korupsi, jrrd...na
rek balanja make naon, duitna oge beak keur mayar hutang...


Ceuk si Adul bari heuayyy!!!

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke