Hatur nuhun Kang Budhi, Kang Tantan, oge baraya sadaya kana perhatosanana.
Dina sawangan sim kuring KRC teh tetep dadasar kana kakuatan Kusnet, nyaeta optimalisasi teknologi internet janten sanes dadasar kana kopdar. Saleresna polana sami bae sareng nu tos dilakukeun ku urang sadaya diantawisna digitalisasi karya sastra nu tos jalan ku yasana MH. Atuh mun ngalakukeun riset boh neang data primer atawa data sekunder urang sabisa-bisana ngamangpaatkeun internet. Manajemen gawena ge nya sapertos nu tos jalan, dibagi, dipigawe sewang-sewangan, dikompilasi, draftna direview babarenagan jst.
Saleresna kuring mah teu hayang luncat KRC ujug-ujug kawas Lembaga Riset nu geus mapan, abdi mah hoyongna teh topikna ngawitan ti nu aya we tina padungdengan di milis da seueur ide-ide nu sae nu afdolna mah dilajuning laku ku cara nu rada seurieus. Ide-ide nu tos aya nu prospektif ditalungtik leuwih jero teh sapertos:
1. tema 60 taun US di NKRI, naon kontribusina ka NKRI jste. (ide MJ);
2. komposisi US di badan legislatif/eksekutif kaasup masalah pilkada (ide Kang Tantan) ieu bisa jadi bahan mun US hayang nyekel deui TS;
3. rekonstruksi "Sosok Urang Sunda".....hot topik dina milis ayeuna, sugan urang aya gambaran jeung cara ngahontal US ideal di abad 21
4. sosialisasi & pamangpaatan TI di TS
jrrd.
Tah topik-topik eta saena mah dilajuning laku ku kajian, minimal studi literatur, nepi ka urang boga gambaran nu lengkep tur utuh satiap objek. Atuh hasilna tiasa dipublikasi keur pangatahuan balarea sakaligus nunjukkeun Kusnet teh lain bisa ngobrol atawa heureuy wungkul (atawa mun ceuk HYI mah "masturbasi"!).
Ku KRC sugan jeung sugan urang aya akselerasi gawe ku jalan nu leuwih fokus nu basisna kana interest sewang-sewangan. Nu penting mah dijalankeun, ari waktu keur ngala hasilna mah pan diuihkeun deui we ka nu ngagarapna.
mangga urang badantenkeun sasarengan
salam
Jalakpakuan
tantan hermansah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kuring satuju pisan ngadegna KUSNET RESEARCH CENTRE (KRC).
Sok lah
tantan
On 9/8/05, Budhi Setiawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:Ngiring mairan, meureun disebut lauk buruk milu mijah ...Pamendak kuring mah kieu kang, mun ningali kana udagan KRC kacida pisan hadena, ngan asana lengkah teh kudu kacida pisan rubakna, sedengkeun waktu urang KUSNET ngan saukur nyelang tina pagawean sapopoe.Patepungna urang KUSNET di dunya maya, jadi sigana udaganna oge leuwih raket kana ieu dunya, da lamun kudu patepung di darat mah asana loba pagedrug dina masalah waktu. Mun ningali udagan KRC usul ti akang, nu kabaca ku kuring loba pakait jeung di darat asana rada hese.Kuring mah hayangna simpel pisan, naon anu geus digawekeun di dunya maya ieu, bisa kabaca ku dulur-dulur urang anu teu pakait jeung dunya internet, saperti e-book na roesdi jeung misnem na MH, wikipedia sunda kang kandar. Tah ti dieu urang ngalengkah kanu leuwih rubak tea, ceuk kasarna mah keur nunjukkeun reputasi yen urang KUSNET bisa digawe babarengan ngaliwaran KRC tea, meureun ieu oge ... wallahualam.baktos,budhi - oritate permaika MH + kumincir - punten pisan bagean kuring can aya kamajuan.
Click here to donate to the Hurricane Katrina relief effort.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

