ceuk dina buku, orok ceurik teh cirina: 1. lapar 2. katirisan 3. sieun 4. aya kanyeri (awakna)
tah paluruh nu opat eta. kira-kira nu mana nu cocog. mun masih nangis geus disusuan, boa no.2, no. 3 atawa no. 4 biasana mun no. 4, boga ciri deui, awakna panas. mun panas, buka bajuna, terus ditangkeup ku indungna, bari teu dibaju oge. eta kitu teh sangkan panas ti awak budak pindah ka awak indungna. atawa dibalur we ku bawang beureum. aya carita yeuh: dua poe sanggeus di bawa ti rumah bersalin, peuting, budak teh, si tizzy tea- ceurik. indung jeung ninina inget no.1 lapar. nya disusuan. repeh. tapi teu lila ceurik deui. bingung kumaha. da piraku lapar mah, pan tas disusuan. salaku bapa anyar, tangtu we kuring tagiwur bari bingung kudu kumaha. panasaran, sina disusuan deui, ceurik deui. sihoreng susu indungna can kaluar bener. sigana masih di pangalengan can dikirim. untungna rumah bersalin mere susu formula. nya di buka. kana dotkeun. bener, budak teh lapar. nyedot susu tina dot ngebut. repeh ceurik teh. sare tibra we. perkawis rungsing alatan rek jadi huntu, rek bisa ngorondang atawa leumpang, eta mah mitos. budak nuju sae cenaha atawa indah tea. teu aya hubunganana. mj bapana tiziana minerva http://geocities.com/mangjamal ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital. http://us.click.yahoo.com/ons1pC/lbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

