|
Erapox
Kabiasaan numbas pikeun panganten
anyar, disabagian wewengkon masih keneh aya. Nu disebut numbas teh
nyaeta ngayakeun sukuran rehna panganten anyar geus ngalaksanakeun
kawajiban sakumaha ilaharna salaki jeung
pamajikan. Ceuk kasarna mun geus numbas tandana geus nembus. Ari
numbasna mah teu pati hese da ngan ukur ngababakak hayam, nu rada hese teh
mastikeun iraha numbasna sabab kudu nanyakeun heula ka panganten. Biasana nu
ditanya teh panganten awewe ku emana, da pamohalan nu ditanya panganten
lalakina, komo nu nanyana mitoha awewe. Najan nu nanya emana kuanjeun,
tapi tetep we sok heurin ku letah boh nu nanya pon kitu deui nu ngajawab sok
erapox. Kawas kajadian kamari basa neng Icih ngadahup ka jang Ucup pas poe
tujuh belasan pisan. Isukna emana neng Icih alangah elengeh ka anakna siga aya
nu nek ditanyakeun, ngan erapox. Untung emana boga akal pok ngomong
kieu.
" Cih ari Icih geus merdeka encan
?" Nanyana disilibkeun ka kecap merdeka, bubuhan kecap eta harita teu
sirikna unggal jalma pada ngomongkeun. Ditanya kitu neng Icih surti pasti emana
hayang geura buru-buru numbas.
" Boro-boro merdeka ma...dijajah ge encan !"
tembal neng Icih beungeutna ngadadak euceuy.
" Baruk, can dijajah jajah acan, ari peuting pan
sare jeung soldadu lin?"
" Duka da soldaduna ge kalahka ngaguher sare,
kacapean sigana mah da sapoe jeput narima tamu, jadi
we ngabulasin !"
Poe kadua emana neng Icih geus
pokdeui.......................
Hoyong terang carios
salajengna ? mangga tong asa asa klik nu dihandap ieu,
urang keom sasarengan, keom berjamaah
tea !
syam ridwan
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id YAHOO! GROUPS LINKS
|
- [Urang Sunda] KEOM sakedap syam ridwan
- Re: [Urang Sunda] KEOM sakedap Siddik Wiradireja
- Re: [Urang Sunda] KEOM sakedap Akhmad Gunawan
- Re: [Urang Sunda] KEOM sakedap indung peuting
- RE: [Urang Sunda] KEOM sakedap Nia Sri Winiarsih
- Re: [Urang Sunda] KEOM sakedap syam ridwan
- RE: [Urang Sunda] KEOM sakedap Miih

