|
Bah Willy bade puasa ? ari puasa nyenen
kemis atawa puasa wewedalan mah mangga teh teuing. Ulah soteh puasa
mati geni dina parako salila opat puluh poe opat puluh peuting, komo puasa ti
Kusnet mah dipantang pisan. Enya sok leungiteun ari teu aya si abah teh, bubuhan
dikontingen smd mah anu dipikasepuh pisan ku abdi. Inget ku belana ka siabah
teh, baheula basa kopdar di bdg haat mangjajapkeun nepi ka dago. Bah Willy plis
deh! tos dur bedug ! geura buka ! geura padungdung deui di kusnet ! keun
perkawis NAIF mah ulah diemutan deui, boa-boa naif mah keur kongser, dihareupeun
masjid, eh dialun-alun ketah, enya alun-aluna ngahareupan masjid !
Sakantenan bade ngawilujengkeun ka panganten
anyar teh Nia sareng kang Agus mugia sing lungsur langsar dina ngajalankeun
rumahtanggina, manawi teh kang Agus ngengingkeun teh Nia, tapi sanes geuning !
Atuh anu nuju tatahar dina program koprasina + krc-na, wilujeng !
baktos,
SR ( keur nyileumleum ngan can megar
wae)
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
YAHOO! GROUPS LINKS
|
- [Urang Sunda] Bah Willy Plis Deh! syam ridwan
- Re: [Urang Sunda] Bah Willy Plis Deh! Siddik Wiradireja
- Re: [Urang Sunda] Bah Willy Plis Deh! syam ridwan
- Re: [Urang Sunda] Bah Willy Plis Deh! indung peuting
- Re: [Urang Sunda] Bah Willy Plis Deh! syam ridwan
- Re: [Urang Sunda] Bah Willy Plis Deh! indung peuting

