Jigana mah kieu Bah Willy: 
Diantara urang Sunda aya nu ahli tikotok, pagaweanana
nitenan tingkah polah hayam jeung nu ngukut hayam. Tah
eta ahli tikotok teh, kabeneran panjang umur, nepi ka
ngalaman tilu jaman atawa opat kitu - jaman walanda,
jepang, orba jeung reformasi. Tah numutkeun hasil
panalungtikan ahli tikotok tea, tetela aya parobahan
cara mateakeun tikotok. Cenah jaman walanda mah,
pikeun rayat umumna can apaleun kana nu disebut sabun.
Kuring oge ngalaman jaman tahun 70-an, apan ari mandi
teh make taneuh angir, upama ngosok waos make lameta.
Kulantaran kitu, pikeun meresihan tikotok teh, nya
dilebuan heula, ngarah teu rametek. Upama geus garing
karek dipiceun. Tah cenah kiwari mah, numutkeun ahli
tikotok tea, meresihan ti kotok teh geus make kaen
pel, jeung make sabun sungit deuih. 

Nya ti harita, upama mapandekeun jaman baheula sok
disebut jaman taikotok dilebuan. Jaman kuda ngegel
beusi. Hehehe. Punten ah ngacapruk.

Salam,
MH

--- Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> > Ari jaman ayeuna dikumahakeun nya?
> >
> Ayeuna oge masih kang ari dlembur mah. Jadi sanes
> jaman kapungkur wae.
> Duka tah kumaha riwayatna dugi ka aya istilah
> "tikotok dilebuan" kanggo
> ngaistilahkeun jaman kapungkur. Upami istilah "jaman
> bedil disundut" maha
> rada kahartos jaman kapungkur, tapi "jaman tikotok
> dilebuan" mah asa hese
> ngorelasikeunana jeung "jaman kapungkur". Kira-kira
> naon nya korelasina?
> 
> Baktos,
> WALUYA
 


=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
1.2 million kids a year are victims of human trafficking. Stop slavery.
http://us.click.yahoo.com/X3SVTD/izNLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke