Rongheap pangharepan datang, moal dek di saha-saha, baris diaku bari sakalian dipaju.. pasti moal tambuh nya laku.
Urang Sunda Maju, lain ukur sakadar ngalayang dina alam kahayang. Wilujeng! On 9/9/05, akos kosasih <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > geuning janari geus datang... > nya balebat ge geus kasawang... > buru-buru urang papag ku hate anu caang > alhamdulillah.. > Wilujeng... > > baktosna akos > > oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> menulis: > Baraya Kusnet saalam dunya, > > Kamari pasosore, keur umplek ngawangkong jeung dulur-dulur Kusnet*) aya kana > limaanana, si kuring di kantor kasumpingan Teh Ika Mardiah, salah saurang > anggota milist/Kusnet anu cepeng pancen kalungguhan di kantor Bapeda. > Kasumpingan anjeunna memang henteu matak "reuwas" da satemenna anjeunna tos > ngiberan ti kaangganganana keneh. > > Anapon anu jadi badaratna, taya lian anjeunna teh seja masrahkeun sumbangan > pribadina keur YP/Kusnet, bil khusus, keur program Pabukon, mangrupa artos > kontan (cash). Nya sanes lumayan deui ieu sumbangan teh, ageungna cukup keur > ngadegkeun hiji pabukon anyar. Aya sajamna si kuring ngawangkong sareng > anjeunna ngeunaan rupa-rupa psoalan, khususna kagiatan kabudayaan jeung > ngaronjatkeun IPM di Jabar kalawan nyirian sababaraha diantarana anu bisa > dilajuninglakukeun ku (gawe bareng jeung) Kusnet. Oge Teh Ika teh "mukakeun" > lolongkrang keur YP/Kusnet tiasa ngengingkeun dana pembinaan lsm anu tiap > taun dianggarkeun ku Pemda Jabar. Hatur nuhun Teh Ika, kalintang ageung > ajenna pangrojong ti salira, boh dina tataran jejer wangkongan, sumawonten > anu mangrupa artos kontan mah. > > Aya nasehat teh Ika anu kalintang saena, pas jeung nya didinya (kalawan > ditambahan ku ngaitkeunana kana kajugalaan IT) p- ceuk si kuring > mah-postioning YP/Kusnet, nyaeta : atikan. Saur Teh Ika, Pemda Jabar ayeuna > keur museurkeun sagala resource jeung mitra-mitrana (swasta, lsm, > masyarakat) keur ngaornjatkeun atikan. Kukitun, taya lepatna upama salah > sahiji misi (anu tangtu tangkal anu mayunganana aya dina kalimah visi) kudu > ngotretkeun perkara udagan implementasi IT keur dunya atikan, diantarana > pikeun ngaronjatkeun IPM Jabar widang atikan tea (melek huruf). Ieu oge luyu > jeung eusining forward posting ti Kang Tirta ngeunaan kajugalaan Irlandia > jeung nagara2 Eropa pasisian ayeuna alatan samemehna merhatikeun heula dunya > atikan. > > Ba'da sholat magrib, gura-giru si kuring nga-sms MJ, Ua Sas, Kang Mgt jeung > Bah Wily, ngeunaan ieu sumbangan teh Teh Ika oge-anu leuwih penting > deui-eusining wangkongan tea. Malah ka MJ jeung Ua Sas mah ditumbu ku > tatalipungan (teteleponan) sagala. Kang Mgt mah ukur sms-an jalaran anjeunna > nuju di pesantren Al Wasilah Garut, nuju ngabantosan Kang Ajengan Thontowi > anu keur gaduh hajatan ngayakeun "Daurah" (pendalaman) Tingkat Nasional dina > jejer "Pembangunan Keulamaan dan Pondok Pesantren" (Kang Mgt sareng abdi > Insya Alloh ngabantosan Kang Ajengan nyusun laporan/proceeding eta daurah, > boh anu harian atawa anu final). > > Eusi wangkongan jeung MJ lan Ua Sas oge kalintang munelna. Sababaraha > kagiatan di darat jeung dulur-dulur urang anu di Bogor, Jakarta, oge Kopdar > anu akhir ku si kuring didongengkeun. Malah Ua Sas oge ngasongkeun rencana > pajemuhan keur ngayakeun kagiatan anu kawilang badag anu munggaran nyarengan > "lounching" YP/Kusnet engke pikahareupeun. Anu sarupa kitu teh luyu oge > jeung wangkongan samemehna, pasosore, antara si kuring, Kang Mh, Kang Tirta, > Kang Eko, Alo Runa, Kang Akos, Indung Peuting, jeung rea-rea deui. > > Kacindekan tina sadaya wangkongan-wangkongan teh Insya Alloh naon perkara > anu mindeng disebut-sebut salaku "revitalisasi" YP/Kusnet baris gancang > kalaksanakeun. YP moal lila deui baris katempo aktivitas sapopoena > ngaliwatan hirupna sekertariat oge tumuwuhna divisi-divisi (atawa holding > Yayasan ceuk Kang Tirta tea mah) anu gawena masing-masing dirancang rada > mandiri. Keur dewan usaha, sakumaha usulan Kang Ganjar jeung anu lianna, > dirarancang leupas bae ti Yayasan, dina harti organisasina (sacara formal) > henteu aya disahandapeun YP/Kusnet. Kitu kacindekan sawatara ieu. Rincian > rancang wangung badan jeung program pikahareupeun ayeuna keur dirarancang ku > Kang Tirta, Kang Mgt, jeung Kang Tantan oge si kuring (anu ukur noongan :)) > mun arek disebut-sebut mah, disagigireun tangtuna oge MJ, Ua Sas sareng Bah > Wily.. > > Ka Tim PS, bil khusus kanggo alo Rudy-pituin-oge ka MH, > > Wayahna heula nya bisi garapan PS karasana akhir-akhir ieu kaluli-luli mah. > Ieu dulur-dulur keur bebenah panarima pancen manjangkeun anu sakuduna > dipanjangkeun ti YP/Kusnet. Moal lila Insya Alloh urang digarawe > soson-soson neruskeun garapan-garapan tea kalawanb daria. > > Cag sakieu bae heula minangka ilubiung dina padungdengan wangunan YP/Kusnet, > Koperasi katut DES nanahaon rupa-rupa garapan anu pamustunganana > mah-sadayana Insya Alloh-sararae. > > Baktos, > manAR > > NB: > *) lamun si kuring nyebut-nyebut ngawangkong jeung dulur Kusnet eta haritan > ngawangkong via chatting, boh paduduan atawa conferense. Sakumaha "papagon" > ti alo Runa, ayeuna chatting antara anggota Kusnet rek dihaeutkeun, komo > chatting antara anggota2 anu lalagasan mah (heheheh, boa geus mariheulaan > nya, sok lah teruskeun, tinimbang papanggih di konser dangdut atawa cafe > dugem mah leuwih hade patepung di dunya maya di cafe Kusnet). > > > . > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > > > > > --------------------------------- > YAHOO! GROUPS LINKS > > > Visit your group "urangsunda" on the web. > > To unsubscribe from this group, send an email to: > [EMAIL PROTECTED] > > Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. > > > --------------------------------- > > > > > --------------------------------- > Apakah Anda Yahoo!? > Sekarang dengan penyimpanan 1GB > http://id.mail.yahoo.com/ > -- Dudi Herlianto [EMAIL PROTECTED] [email protected] http://dudiherlianto.multiply.com/photos/ ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Help Sudanese refugees rebuild their lives through GlobalGiving. http://us.click.yahoo.com/V8WM1C/EbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

