Alhamdulillah Bah willy geus buka puasa...... -----Original Message----- From: Waluya [mailto:[EMAIL PROTECTED] Sent: Friday, September 09, 2005 1:43 PM To: [email protected] Subject: Re: [kisunda] Re: [Urang Sunda] Mencari Sosok Manusia Sunda
Ari ceuk kuring mah, lamun ningali sosok urang Sunda, urang sok teh "tanggah" wae. Naha urang Sunda teu aya nu jadi pamingpin, naha urang sunda teh melempem da ditingalina nya nu jadi menteri jadi presiden pokona mah jabatan nu hebat-hebat. Tah ayeuna kumaha lamun ningali kumaha kahirupan urang Sunda nu "biasa-biasa" wae. Aya henteu picontoeunana?. Sabab ceuk kuring mah keur naon aya urang sunda jadi pamingpin, ari urang sundana sorangan raripuh keneh mah. Kamari dina Kompas, aya "profesor" Sutera nu urang Sunda. Waktu kuring baheula asup ka jero kalimantan, di kota Sanggau Kalbar aya rumah makan jeung panginepan (pangalusna harita mah) boga pa Haji urang Tasik. Di Kampung Jawa di Minahasa (kampung Muslim tempat Makam Kyai Mojo), aya toko, rada kaget oge, waktu terang manehna teh Urang Sunda (Tasik deui!) Jeung ditempat-tempat sejenna nu nunjukkeun yen aya sabagian urang sunda nu boga jiwa wiraswasta, pionir jeung wani nyandak resiko. Ceuk cenah mah sifat ieu teh diperyogikeun pisan jaman ayeuna mah, jaman kudu bisa "bersaing". Tah kumaha lamun sifat ieu teh diguar, disebarkeun keur ngarobah sifat urang sunda nu sejenna nu kurang kawani nyandak resiko (ulah siga kuring ....hehehe, geus kolot kieu, pagawean teh ngan digajih batur we, teu bisa nyiptakeun lapangan pagawean keur batur). Tapi kudu kumaha carana nya? ku pendidikan atawa ku sikep lingkunganana nu ngahargaan pisan ka jelema pioner, wani nyandak resiko. Biasana lingkungan nu ngadorong jalmi sina wani dina usaha, sok rada materialistis, nu memang rada patojaiyah jeung anggapan umum yen sikep materialistis teh goreng. Sok tah kumaha baraya? Baktos, WALUYA Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital. http://us.click.yahoo.com/ons1pC/lbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

