wa'alaikumsalam Wr. Wb
Hade kang Runa, cacak ngora keneh boga kahayang + ide anu alus, can karuhan batur mah boga kahayang kitu. Tah baraya anu kieu perlu di dukung kana wawanen + idealisme masih nyongcolang, da geus kolot mah sapertos si ipeut ukur nyaluyuan, da rek ancrub teh pondok sukuna, jeng heureut lengkah. Mangga kang Runa ngiring ancrub di jagad darat da masih belejag, tur gede wawanen, sangkan ide-ide teh tereh laksana.Si teteh mah mung ngabandungan ti katebihan, kituw kang..!
Wassalam
ipeut
"Mr. Runa Inawan" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
"Mr. Runa Inawan" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ass. Wr. Wb.Abdi salaku anu anom keneh panginten di ieu babakan sareng memang anom keneh ngadukung pisan kana sagala ketak US anu tangtuna anu positif tur kanggo nanjeurkeun hirup kisunda/kasundaan khususna tur bangsa. Abdi si runa Anom tea ngadukung pisan tur ngacungkeun jempol (dua jempol sakaligus) kana eta pamaksadan ti pihak Bapeda Jabar (teh Ika Mardiah)/isntansi pemerintah.Anu langkung penting tur kedah diperhatoskeun pisan panginten di diri KUSnet/YP-na kedah sayogi tur tatan-tatan dina nampi eta lolongkrang. Kedah langkung ditingkatkeun karapihan sistem manajemenna. Dalah dikumaha oge lolongkrang mah seueur, mung upami ti diri urangna teu acan sayogi, pan kumaha?
Abdi percanten sareng yakin pisan urang salaku urang sunda tiasa ngalaksanakeun eta sadaya lolongkrang. Koncina mah: silih bantosan , silih sokong, silih motivasian, sareng silih ngemutan. Didiri urang teu kenging aya pasifatan pa aing-aing atanapi pa sia-sia, namung kedah silih lengkepan. Apanan maju mundurna US aya dipanangan urang sunda nyalira. Sanes kitu baraya?Ayeuna atos katingali sareng tos ngawitan ngerucut, nya eta ayeuna tos aya tim Digitalisasi Pustaka Sunda, ramat loka anu, ngadamel wikipedia, jrd diringkes ku abdi disebat tim IT, aya tim DES, aya KRC/MBRC (atanapi naon tah namina hilap deui), aya YP sareng anu sanesna. Tah ieu kedah dioptimalkeun kaayanana kalayan sae tur pasieup. Ieu teh modal kanggo naratas jalan kanu sanesna.Teras mairan seratan kang Rudi Setiawan (Ki Adi) :1. "Tah, ayeuna mah saacana KUSnet teh mibanda Pasukan Darat nu hade... mendingan oge mangpaatkeun heula Pasukan Jagat Maya nu aya pikeun ngotektak sagalaning ideu-ideu tea..."2. "....Tina sakabeh eta kamonesan wadya-balad KUSnet teh, ditilik-tilik mah ningan nu ngedalkeun, ngotektak jeung lajuning-laku teh asana eta jeung eta bae!! na kamarana atuh ari baraya nu lianna?"Pairan abdi:
1. Dina satengahing ngamangpaatkeun tur ngoptimalkeun "pasukan jagat maya", pamendak simkuring mah ti ngawitan ayeuna (ngeureuyeh we) tos kedah digarap sakedik2 pasukan daratna. Dalah dikumaha oge kedah aya transformasi informasi/gerakan/ideu, supados lajuninglaku anu atos/nuju ditaratas langkung munel tur karaos ku masyarakat anu sanesna anu memang teu ngagaduhan akases ka "dunia maya". Simkuring masih emut keneh pas nuju siaran sareng rerencangan KUSnet di Bogor di Radio Pertanian Ciawi, aya anu naros kieu : "naon cenah manfaatna internet kanggo para patani/widang pertanian teh?". Tah ieu teh panginten kedah direspon sareng PR urang anu ngagaduhan akses ka internet.2. Sawios kang, malihan urang optimalkeun wae anu tos aya, sareng sakedik2 urang ngajak anu sanes. Panginten US mah peryogi buktos heula, nembe upami tos katingali buktosna ngaliringan. Simkuring oge salaresna manghawatoskeun, kapungkur kantos ku simkuring dipostingkeun perkawis hasil siaran di Radio RPC, RPC nawisan boh bilih KUSnet ngagaduhan konsep kanggo siaran anu langkung maneuh. Mung geuningan pairan ti balarea kirang pisan (kuring ngartos, urang memang teu tiasa maksakeun). Mung kuring teu peunggah harepan, masih aya keneh anu merhatoskeun sanaos lalaunan oge.
Teras mairan seratan kang oman Abdurachman :"Aya nasehat teh Ika anu kalintang saena, pas jeung nya didinya (kalawan ditambahan ku ngaitkeunana kana kajugalaan IT) p- ceuk si kuring mah-postioning YP/Kusnet, nyaeta : atikan. Saur Teh Ika, Pemda Jabar ayeuna keur museurkeun sagala resource jeung mitra-mitrana (swasta, lsm, masyarakat) keur ngaornjatkeun atikan. Kukitun, taya lepatna upama salah sahiji misi (anu tangtu tangkal anu mayunganana aya dina kalimah visi) kudu ngotretkeun perkara udagan implementasi IT keur dunya atikan, diantarana pikeun ngaronjatkeun IPM Jabar widang atikan tea (melek huruf). Ieu oge luyu jeung eusining forward posting ti Kang Tirta ngeunaan kajugalaan Irlandia jeung nagara2 Eropa pasisian ayeuna alatan samemehna merhatikeun heula dunya atikan."Simkuring sapuk pisan. Kaleresan pas simkuring sababaraha sasih kapengker maos Koran Tempo yen IPM jabar teh kalebet rendah keneh, anu seuseurna anu teu acan melek huruf teh geuningan di jabar teh istri.
Kanggo nyumponan misi eta Ku ayana Pabukon Simpay Katresna, tiasa kajalanan. Simkuring kirang terang kumaha saleresna konsep PSK eta ayeuna. Mung upami PSK eta langkung dimaksimalkeun peranana pon deui kitu dina segi konsepna, kalintang saena sareng ngagaduhan posisi anu strategis. Tina PSK ieu tiasa kanggo ningkatkeun SDM urang sunda khususna. Tah ieu strategi teh sapertosna mah saluyu sareng anu dijalankeun di nagri Irlandia tea. Simkuring salaku pribadi (teu sauukur simkuring wungkul panginten) hoyong pisan utamina di Bogor teh aya Pabukon teh.Mairan tina seratan teh Imas perkawis Halal Bihalal. Anu eusina kieu : "...sebagai yunior tangtos abdi menghormati pisan senior2 sapertos wa sas..bah wily, kang Mgt, anu tos ngabentuk kusnet ieu ti anggal.
mung hanjakal abdi teu acan ngaos postingan ti para senior di lembur..ngenaan pendapatna di acara halal bi halal ping 26-27 november 2005"Tah ieu teh masihan wawar/wartos/pepeling/ngemutan ka urang sadayana, yen masihan motivasi, sumanget teh kalintang peryogi pisan, tiasa nyundut tur ngagedurkeun sumanget. Apanan acara halal bihalal teh acara urang sadayana, panginten kedah didukung pisan ku urang sadayana, raraosan abdi mah upami mairan wungkul we dina millis, panitia kacida bingahna, komo deui dugi ka kersa ngabantosan mah. Sanes kitu, heu...heu...(bari narawangan mikir).Panginten sakitu anu anu kapihatur ti simkuring, anu kaleresan suwung ku pangaweruh tur anom keneh dina pangalaman, mung sauukur ngagaduhan "ngagedurna sumanget". Kirang langkungna nyuhukeun dihapunten. Pamugi seratan ieu tiasa ngahudangkeun anu nuju "sare tibra", anu nuju ngalamun keneh, anu nuju mikir2 keneh, jrst.Wassalamualaikum Wr. Wb.Baktos,
Runa - KUSnet
Baktos Pribados,
Runa Inawan - KUSnet
"Kebajikan yang ringan adalah menunjukkan muka berseri-seri dan mengucapkan kata-kata yang lemah lembut"(Umar bin Khattab) "
Apakah Anda Yahoo!?
Sekarang dengan penyimpanan 1GB
http://id.mail.yahoo.com/
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

