Kang Firkan cobi diajajal ngawangun bandara na di Tasik nu ageungna satara jeung bandara Soekarno-Hatta. Sugan we Brebes, Purwakarta2 (d/h Purwokerto), Cilacap katarik deui.
 
JP

Firkan Maulana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamu'alaikum wr.wb.
Sateuacana sim kuring bade nepangkeun heula. Wasta, Firkan Maulana Surakusumah. Pituin urang Bandung. Nembe lebet anggota milis ieu dinten Sabtu kamari. Padamelan ayeuna janten konsultan perencanaan wilayah dan kota sareng antropologi.
 
Perkawis Bandara Majalengka nu diobrolkeun ku Kang Rahmat, leres pisan yen di Majalengka teh bade dibangun Bandara nu maksadna kanggo ngarojong perekeonomian wilayah Ciayumajakunig (Cirebon, Indramayu, Majalengka jeung Kuningan). Eta pangwangunan bandara teh bakal ngahiji sapaket sareng pangwangunan jalan tol Cisumdawu (Cileunyi-Sumedang-Dawuang). Salajengna pelabuhan laut di Cirebon oge bakal diwangun. Matakna dina bulan Agustus kamari Pamarentah Propinsi Jawa Barat ngadamel acara Jabar Infrastruktur Summit. Maksad acara eta teh kanggo ngajak kerjasama investor swasta ti dalam atawa luar negeri jang ngawangun bandara, pelabuhan laut jeung jalan tol.
 
Kaleresan aya rencangan sim kuring anu nuju ngadamel penelitian AMDAL Bandara Majalengka. Mung dugi ayeuna penelitian eta teu acan dijalankeun. Aya oge penelitian nu tos dijalankeun perkawis "Pola Pergerakan Burung-Burung di Daerah Majalengka." Penelitian ieu penting sabab kapal terbang teh sok kaganggu ku manuk-manuk nu hiber. Saur penelitian eta, daerah calon Bandara Majalengka eta teh janten "perlintasan" manuk-manuk anu hiber ti Australia ka Asia.
 
Panginten kitu bae bewara ti sim kuring. Hatur nuhun.
 
Cag,
Firkan Maulana
  

Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke