Urang tambihan, ceuk si cenah : bedana urang sunda jeung urang jepang :
 
Urang Jepang mah kesangan jeung sumanget  lamun keur gawe, ari urang sunda ngesang jeung sumanget lamun keur dahar (loba teuing sambel meureun nya..?)
 
 

Sakadar ngirangan stress………

Ceuk si cenah :

 

Lamun urang Jepang ditegor : ”Silaing mah bodo!!”. Manehna moal nyeri hate, paling ngajawab :”Enya, memang kuring can ngarti, tapi keun kuring rek diajar sangkan sakeudeung deui kuring henteu bodo deui”. Tapi lamun manehna ditegor :”Silaing mah males”, mangka manehna bakal nyeri hate pisan, masing bisa jadi ngabetem teu ngajawab.

Sabalikna bangsa Indonesia, lamun ditegor :”Silaing mah bodo!!”, wah kasinggungna satengah paeh hatena nyeri asa disasaak.

Tapi lamun ditegor:”Sialing teh sabenerna pinter, tapi males”, wah langsung we irungna beukah, hatena sura seuri jiga sero bungah kabina-bina.

Leres, teu??? wallahualam..........

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke