Mpup geuning tuangna anu sarwa kumis & pakupis.......tah keur Mpup diditu, akangna diajak ka Ny. Umi, cenah keur jangar-jangarna matak pilihana ge teu tebih ti paha & dada.
Cik ti Borneo teh aya oleh-oleh minyak keur mencet?
salam
JP
Mpup <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Mpup <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Dinten Kemis mios teh, kaleresan duaan sareng pun biang, naek Wings
Air, di kapal teu dipasihan sangu, ukur dipasihan cai aqua sagelas,
dugi ka Tumbilaloka jam 4 sonten (WITA), didieu mah jam 3 (WIB)..
Dijemput ku pun lanceuk nu tos ngantosan di Bandara Sepinggan
Tumbilaloka.. Ngabiur ka Komplek Pajak, ker weh da cape..
Enjingna ka Kompl Pertamina, nepangan kapilanceuk ngan ukur
nganjang, diajak ka Kebun Sayur, jalan-jalan.. balik deui ka kompl
pajak, ker deui weh da cape..
Dinten Saptu, di komplek pajak we, tuluy wengina diajak ka Ocean's
Resto di Bandar, dinner caritana, uing mah beak lobster 3 siki, jeung
kapiting sawareh, tuluy cumi oge... hmmm, nyam nyam.. Uihna jangjian
jeung mang Ocam di bumina kapilanceuk tea da caket bumina jeung mang
Ocam, nya uplek ngobrol dugi ka tbh 10 wengi jeung mang Ocam..
Diantawisna nyabit2 perkawis nu penyelundup pertamina di Lawe-lawe
tea..
Dinten Minggu ameng deui ka Kebun Sayur
Senen ngapung deui ka Jkt, naek Kartika Air, ka Bdgna naek kareta...
Jaba karetana mogok di Cilame...... wengi weh dugi stasion..
Tos sakitu wae...
~ipup~
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

