Kang Oman sareng Kang Rachmat
Hatur nuhun. Tah gening parantos aya di Kang Oman tina bahan JIS 2005. Panginten langkung mundel sareng informatif. Hatu nuhun
 
Salam,
ika

oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang Rachmat oge Teh Ika,
 
Teuing kumaha asalna, si kuring kaparengkeun tiasa akses/nitenan kana dokumen  "Jabar Infrastructure Summit 2005 (JIS 2005)", lengkep jeung petana. Dina proyek-proyek anu kaasup JIS dituliskeun lengkep ieu sadaya proyek JIS anu ngawengku kasangtukang, uraian proyek, maksud jeung tujuanm analisis teknis, jeung opsi kerjasama anu ditawarkeun. Proyek lapangan terbang jeung jalan tol  anu ditaroskeun ku Kang Rachmat kaasup JIS 2005 ieu.
 
Keun kapayun urang postingkeun dadaran singget masing-masing proyek anu kaasup JIS. Ngan wayahna, henteu tiasa rinci. Tagih bae si kuring bisi kapopohokeun mah.
 
baktos,
manAR 

 
On 9/12/05, MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Minggu kamari kuring teh ngabantuan rerencangan (urang
Jawa) anu nikahkeun putrana. teu ku hanteu, ngobrol
ngaler-ngidul sareng saderekna anu gaduh pangalaman
lami di widang birokrasi pamarentahan.
Waktos ditaros asal kuring ti Majalengka, atuh
anjeunna teh mani pogot nyarios, cenah di wewengkon
Majalengka teh bade dibangun Bandar udara, anu aya di
tilu wewengkon kacamatan. Luasna  teh aya kana 3000
hektar. Malihan mah ayeuna oge tos diayakeun
"pembebasan tanah", saur manehna teh deui.
Tapi obrolan kapegat ku para kadongkapan para tamu
ondangan. janten informasina teu patos lengkap.

Ras inget padungdengan di KUSnet sawatara kalangkung,
cenah bade dibangun jalan tol ti Bandung ka Cirebon,
ngalangkungan wewengkon Majalengka. Boa-boa
pembangunan ieu teh aya hubunganana sareng Bandara anu
bade di bangun di Majalengka.

Ku kituna kuring meredih ka Teh Ika Mardiah,
nyuhunkeun "dibocorkeun" di KUSnet ieu, naha leres aya
rencana pembangunan Bandara eta teh. Kumaha saleresna
"cetak biru" pembangunan eta teh.
Kuring gaduh sawangan, hoyong ngiring ngabantu
nyosialisasikeun hal ieu pieun masyarakat Majalengka,
utamina mah kanggo ngaronjatkeun perekonomian sareng
kasejahteraan masyarakat. Ieu oge panginten PR pikeun
DES (Dewan Ekonomi Sunda) anu digagas ku Kang Runa.
Pembangunan bandara ieu, aya dampak anu ageung pikeun
masyarakat Majalengka. Upami teu tatan-tatan ti
ayeuna, tiasa ngabalukarkeun hal anu negatif.

Hatur nuhun kana perhatosan teh Ika Mardiah.

baktosna,

mrachmatrawyani




__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
1.2 million kids a year are victims of human trafficking. Stop slavery.
http://us.click.yahoo.com/X3SVTD/izNLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
   http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
   [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
   http://docs.yahoo.com/info/terms/





Yahoo! for Good
Click here to donate to the Hurricane Katrina relief effort.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke