Teuing naon istilahna lamun kecap tatalu ieu dihartikeun ka basa sejen. Keur barudak sunda mah hususna barudak lalaki kabiasaan tatalu teh meureun geus teu bireuk deui. Baheula basa keur sd mun dikelas keur euweuh guru, tara dikomando deui sok der we taratalu, kujalan narakolan meja bari sungut ngecom niru-niru sora kendang atawa goong.  Dipilemburan anu pangalaan caina rada anggang ti lembur, sapanjang jalan ka tempat pangalaan cai sok jadi ajang ku nu tatalu, aya ember atawa blek wadah cai sok ditarakolan. Tampolana panci butut, atawa golodog batur ge sok jadi sasaran pikeun taratalu.
 
Kiwari nu tatalu teh geus tumplek ka jalan, utamana di parapatan, aya nu nakolan aqua galon,kecrek, jrrd, rengse tatalu dampal leungeunna nampan, nunggu dialungan duit recehan. Ku riabna grup band anyar ditatar sunda, meureun baheulana alatan kabiasaan tatalu oge. Atuh mun kitu mah boa-boa personil sepultura ge baheulana resep taratalu oge. Nu tatalu ku pabrik roko mah malah dipake iklan sagala, geus maranti lamun wanci geus manjing satengah sapuluh peuting, dina tipi sok ujug-ujug brang breng brong we ku nu tatalu, bari ditungtungan ku nyebut "nikmat bangeet". Padahal dina basa sunda, kecap nikmat jeung banget teh patukang tonggong pisan,pamohalan nikmat mun rokona banget, enya meureun maksudna mah "pedo pisaan"
 
Tatalu ku sabagian musisi,sok dijadikeun inspirasi pikeun  nyieun wirahma lagu, saperti musisi kondang Hari Rusli kungsi nyieun musik anu asalna tina sora parabot dapur anu ditakolan, pon kitu deui musisi Djaduk Ferianto kungsi nyiptakeun wirahma anu asalna tina botol anu ditakolan oge.
 
Kabiasaan tatalu ieu,teu kabeh ngahasilkeun hal anu positip, kawas anu kaalaman ku Sobur basa manehna nek indit gawe, naek bus way keur mejehna padedet, hareupeunana aya wanoja, sarua nangtung oge ngan posisina nonggongan, nya nu katingali teh, buukna we sapundak,palebah tonggongna,ngelemeng aya talian dua siki, naek kana taktak duka keur nyangreud naon, mun pahareup hareup mah meureun apal, tali eta losna kamana, turun deui kalebah handap, imbitna katingali mani padat karya eh padat berisi ketah. Dasar Sobur mah ti leuleutik resep tatalu,najan ayeuna geus jalugjug jangkung ge angger we kabiasaan eta teh teu leungit, kitu deui harita, ari leungeun katuhuna enya ngagantung kana handle, ari leungeun kencana sihoreng tupak tepak kana imbit eta wanoja. Atuh puguh we siwanoja nyengor bari malikeun beungeut.
" Apa apaan sih, ngak sopan amat !" pokna, siki panonna teu sirikna bijil kabeh
" Maap mba, maap, kirain didepan sayah ini aqua galon !" ceuk Sobur bari rarat reret kasisi kagigir, duka bakating ku era duka neangan bujur anu sagede aqua galon deui.
SR


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke