Kuring didongengan ku babaturan nu urang Bandung, basa manehna keur kuliah keneh. Kieu dongengna teh, hehe...

Si babaturan (awewe) keur naraek beus kota Bandung jeung sababaraha urang baladna (aya lalaki hiji). Si nu lalaki tea ngakod kantong akod leutik, diakod ka tukang. Pas keur aranteng kitu, ujug2 crang-cring sora duit receh maluragan dina jero beus. Si lalaki tea rungah-ringeuh, ret ka handap bet duit receh maluragan tina kantongna nu diakod tea. Nyaho yen nu maluragan teh duitna, geuwat manehna dongko mulungan duit tea. Ari sakadang copet (kantong teh disilet), teuing ku naon, kalah ngajengjen. Kacerek deleg, pada marelongkeun ku para panumpang, nepi ka ditewakna teu walakaya. Kasima ku duit receh, hehe...

jk

On 9/14/05, syam ridwan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sugan teh ari di Bandung mah tara aya copet, eta we basa naek beus ti leuwi
panjang kadago, aya ibu-ibu make perhiasan mani reunceum,ih kalem we,
tapi ketah boa2 siibu teh keur jadi padagang emas asongan.
Enya sugan teh dina ayana ge copet di Bandung sok barebeja heula
" Punten abdi bade nyopet diieu angkot kenging teu ?" he he.


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke