Mun leres...beu asa kacida teuing nu boga kawasa..
Mun salah....duh karunya teuing nepi ka dipitnah. Aya kitu tina daptar eta pulisi nu lempeng jeung jujur? Boa2 aya nu dipitnah keur nyingkirkeun najeuna.....
 
JP

waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Pulisi pangkat luhur mah umumna lubak-libuk ku artos, bru dijuru, bro
dipanto, ngalayah ditengah imah. Tapi ieu pulisi anu ngajabat, lamun
henteu mah, sanajan pangkat luhur oge, nya .....ngahuleng we, ngalamot
curuk. Biasana pulisi "sial" ieu, nu ditempatkeun di Mabes, tapi teu
boga jabatan, pangkatna mah laluhur. Istilahna mah di mabeskeun.

Ngan ari dugi ka gaduh kakayaan tepi ka satriliyun langkung mah, asa
kacida teuing. Naha leres ieu teh? margi artos satriliyun teh sanes
artos sakedik. Jembatan layang Pasopati di Bandung, biayana ngan
satengah triliyun. Janten upami leres kakayaanana dugi ka sakitu,
kanggo nyambungkeun Jawa sareng Sumatera teu kedah nambut ka luar
negeri, nambut we ka Pa Pulisi .....hehehehe

Baktos,
WALUYA


Yahoo! for Good
Click here to donate to the Hurricane Katrina relief effort.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke