emh matak wa'as maca sajak na MJ. ku kabeneran si kuring bulan november engke rek 2 taun jadi bapana si jalu teh, muhammad davin adyiatma supriadi. ngan hanjakal, si kuring asa kurang sugema ngurus anak jeung pamajikan. heu-euh, kuring gawe di batawi ari pamajikan jeung budak mah aya di bandung. nya kapaksa kudu bulak balik batawi bandung unggal sabtu sore. ayeuna si kuring katelah si 'weekend parent', jadi kolot unggal weekend wungkul, hiks. wilujeng dua taun jadi bapa.....
dedi supriadi
(naha ngadadak jadi sono pisan ka si ujang nya?)
mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
poe ieu
anaking-jimat-awaking milangkala
nu kadua.
panceg.
dua taun kuring jadi bapa.
deudeuh,
hampura mun kuring ngan ukur jadi babapaan
sabab rumasa teu kungsi diajar jadi bapa
ngan nempo aki anjeun ngurus kuring
ngan boga kacinta kaanjeun
nu ceuk kuring bakal jadi modal
miara ngagedekeun anjeun
sabisana
geus dua taun meunang pancen ti Nu Kawasa
gimir minuhan hate,
salempang kamelang salaput hulu,
sabab rumasa teu walakaya
Nuhun Gusti
pancen Anjeun baris ditedunan sabisana
jadi bapana tiziana minerva
du'akeun bapa, neng
sangkan bapa teu salah
ngatik
ngadidik
mikanyaah anjeun
(bapa nu salawasna melang
di pagawean,)
itenas, bandung 15 september 2005
mj
http://geocities.com/mangjamal
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Give at-risk students the materials they need to succeed at DonorsChoose.org!
http://us.click.yahoo.com/Ryu7JD/LpQLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/
How much free photo storage do you get? Store your holiday snaps for FREE with Yahoo! Photos. Get Yahoo! Photos
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

