kan, bangsa urang mah mustadzafin kabeh nepi ka presiden SBY ge kan pernah nyarita di media yen kemenangan manehna kulantaran di nyenyeri ku ceu Mega, kitu sanes mun ceuk berita media mah teuing mun benerna mah, sok ah tong jadi temperamentalmen, digertak saetik ge ngamuk, nu balukarna ngarugikeun jalma loba, mun uing ngirim foto sibagus tea geuning uing di pasean lain di solusian kumaha nya, ari ngaran mah da eueweuh artina, ceuk paribahasa tea mah "apalah arti sebuah nama" kitu sanes, meski ngaran alus jeung katurunan jajaden eh raden atawa menak ari maling mah da maling we...inget teu Farid Farhan Fahrurahman,... marga na Fahrurahman, Predikat cum loude fakultas hukum di sebuah universitas terkemuka di negeri ieu, bekas aktivis HMI, da ari maling mah maling we, katelah main suap deuih dengan menjual predikat sebagai lawyer dan membela kebathilan hanya untuk beberapa lembar kertas yang dikenal DUIT nominalan milyaran, kumaha tah baraya, ah kuring mah saayana we, da ari borok mah moal dibejakeun alus, era boga borok dibejakeun teu borok padahal bau deuih... he he he....hampura ah bilih aya nu kasigeung,.....tepangan abdi di http://members.lycos.co.uk/thoyib/....


On 9/15/05, Asep Salmon <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Baraya us..........

Salian ti kajadian pulisi neunggeulan pulisi seueur keneh perkara kakerasan di urang teh, antarana mahasiswa iain padang demo lantaran kudu mayar rp.75 rebu sataun keur biaya praktek komputer, terus ngamuk ngaruksak kampus nepi ka salah sahiji dosena digebugan. Astagfirullahal azhim!  eta nu keur tolabul ilmi tega nya neunggeulan ustadzna?. Mahasiswa iain deuih, anu mun tamat gelarna teh s.ag (sarjana agama, sanes sarjana ahli galpeh… he3x). Ari di unhas mahasiswa teknik jeung mahasiswa sosial anu garelut teh, nu raheutna oge nepi ka puluhan diangkut ka rumah sakit. Di jawa (duka tengah duka wetan) barudak sma nu teu lulus un tahap-2 ngamuk ngaruksak sakola, atuh barudak teh ditewakan pulisi, indungna careurik bapana milu ngamuk. Di stpdn/ipdn jatinangor-sumedang panyiksaan praja senior ka yunior masih keneh aya malah wartawan ge digebug ku budak stpdn mah, 9 praja nu kalibet maehan praja yuniorna (mun teu salah ngarana wahyu, urang sunda) sabaraha bulan katukang geus diwisuda, perkarana duka kumaha tungtungna da dibelaan bae ku pejabat stpdn utamana ku pejabat nu ngaran nyoman sumardi (dina koran pernah diisukeun manehna teh dibayar/disogok , tapi ngabantah….. nya puguh we, mana aya bangsat ngaku mun teu digebugan heula mah).

Kamari bonek surabaya ngamuk di stasiun kareta api lantaran hayang nyuporteran persebaya di senayan jakarta kalawan numpak kareta api-na gratis, atuh kareta api diruksak dibaledogan, relna dihalangan balok kayu. Di pelabuhan makasar supporter psm ngamuk pedah hayang ka senayan numpak kapal laut (gn. Kerinci) dihalangan ku pulisi, tapi untung pelni jeung pangurus psm-na ngelehan, psm mangmayarkeun karcis pelni mere diskon 50%. Di stadion lebak bulus pamaen jeung manajer persib (erik, boy jeung chandra) digebugan ku supporter persija, beusna dibaledogan nepi ka kacana ancur. Eta kalakuan jakmania kitu patut teh dibelaan ku pangurus persija nu batak wungkul kitu deui ku pssi teu meunang hukuman, aneh nya!

Kunaon nya bangsa urang the bet jadi gampang ambek jeung hampang leungeun? 

Mudah mudahan urang sunda nu handap asor tong jadi tumbal situasi atwa obyek kekerasan siga di iptn atawa di bogor.              



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS






--
Wassalam Mualaikum Wr Wb

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke