Hehehehe ..... memang leres ari soal eta mah, da umumna di urang mah nu namina data teh tara disimpen rapih, paburantak dimana wae. Ari pas diperyogikeun kalawah-keuleuweuh teu aya data anu representatif kanggo dianggo.
Tapi upami soal statistik "jalu" sareng "bikang" mah sim kuring percanten, tapi sanes angkana, tapi polana (trendna). Pola sex ratio penduduk Indonesia, upami dibandingkeun hasil sensus 1980, 1990 sareng sensus 2000, nambihan teras, waktu sensus 1980 sex ratio 98,8 (hartosna awewe langkung seueur ti lalaki), teras waktos sensus 1990 sex ratio janten 99.4 (masih "bikang" langkung seueur ti jalu), tapi hasil sensus 2000, jalu ngawitan ngadominasi, sex rationa janten 100,6. Ieu hartosna upami kondisi di Indonesia tetep (hartosna parameter-parameter nu mangaruhan angka sex ratio tetep), angka sex ratio kapayunna bakal langkung ageung deui, nu hartosna .....populasi jalu bakal leuwih seueur deui tinimbang awewe. Salah sahiji nu mangaruhan kunaon lalaki janten leuwih seueur ti awewe, nyaeta pandangan masyarakat, acan afdol upama teu acan gaduh budak lalaki, margi masyarakat urang "patriachat". Budak lalaki langkung dipupujuhkeun (diprioritaskeun) tinimbang budak awewe, akibatna kamungkinan hirup budak lalaki langkung ageung tinimbang budak awewe. Tapi ieu ukur salah sahiji kamungkinan. Kamungkinan nu kadua, ampir mirip, harepan hirup awewe di Indonesia langkung alit tinimbang lalaki. Hartosna nasib awewe di urang sabenerna nurun tinimbang taun 1980 atawa 1990! Hehehehe....ulah dianggap serieus, namana oge nafsirkeun angka-angka statistik......... Baktos, WALUYA > Wilujeng enjing > BPS.....BPS......seueur nu komplen akurasi data BPS, kalebet data ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> DonorsChoose.org helps at-risk students succeed. Fund a student project today! http://us.click.yahoo.com/O4u7KD/FpQLAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

