Insya Allah
upami urusan abdu tos rengse
sateuacan lohor
abdi bade ngiringan
salaku wawakil teh iva
 
surya
----- Original Message -----
From: iva wanti
Sent: Thursday, September 22, 2005 12:15 PM
Subject: [Urang Sunda] Re: [halalbihalal_kusnet] Bewaraaaaaaaaaa : Kempelan Panitia Halal Bihalal Kusnet 2005

Waalaikumsalam wr, wb,
 
Ping 24 dinten saptu nya. Punten kanu sanesna, pami saptu mah abdina damel keneh. Abdi salahsawios seksi Konsumsi teu tiasa sumping. Mugi seksi konsumsi anu sanesna tiasa ngawakilan. Hasilna diantos bae via japri. Hatur nuhun.
 
Neng Iva 

Nanang <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ehm..!
 
Assalamualaikum Warrohmatullohi Wabarokatuh..
 
Baraya Kusnet sadaya....
dibéwarakeun yén badé diayakeun kempelan Panitia Halal Bihalal Kusnet,
nu Insya Allah bade diayakeun dina :
 
Dinten saptu, ping 24 Séptémber
ba'da lohor nepi ka réngsé.
dibumina Kang Akos Kosasih :
Jl. EE No.4 RT.07/RW.01, Sukabumi Utara, Kebon Jeruk, Jakarta Barat.
Peta-na nangkod dina ieu imél, tapi kanggo langkung jelasna, bilih nyasar,
mangga nelpon waé kana hapé Kang Akos : 0811-171056
 
Agenda acara :
Silaturahmi, Ngabahas sareng maheutkeun deui sagala rupi hal kanggo
pelaksanaan Halal Bihalal Kusnet 2005 di Villa Batan, Kota Bunga, Cipanas
 
Kumargi pentingna ieu acara, disuhunkeun rido galihna (bari rada maksa ogé),
hususon ka baraya Kusnet anu kapéto, ditunjuk tarang, ditunjuk tonggong,
sareng nu parantos ngacung sayogi janten Panitia supados tiasa sumping.
 
kitu ogé ka baraya sanesna anu hoyong ngiringan ieu acara, anu
hoyong nyumbangkeun ideu, usulan, tanaga, komo nyumbang artos mah..
kaci pisan, teu kedah angkaribung babantunan, ku sumpingna ogé
tos hatur nuhun pisan.
 

Sakitu anu kapihatur,
Wassalamualaikum Warrohmatullohi Wabarokatuh..
 

-ndoell-
---------
imél : [EMAIL PROTECTED] atanapi [EMAIL PROTECTED]
 
 
 
én-bé :
kanggo inpormasi : Susunan Panitia Halal Bihalal
-------------------------------------------------------------------------------
- Pamangku Hajat : Uwa Siddik Wiradiredja
- Penasehat : Uwa Sasmita, Mang Jamal, Kang Maman Gantra, Kang Tirta Wijaya
- Pupuhu : Kang Akos Kosasih
- Tukang Cutat-catet : Kang Ikmal, Teh Tia
- Tukang Babayar : Teh Imas Mustakim
- Tukang Wawar  : Kang Nanang, Kang Runa Inawan
- Nu ngurus Acara : Mang Oman, Teh Nenny "Ambu", Kang Hendri
- Em-Si : Kang Gunawan Yusuf, Kang Casnan, Kang Taopik
- Nu ngurus katuangan & leueuteun : Kang Surya, Teh Ani, Teh Iva, Teh Pupi, Teh Anna, Teh Mia
- Nu ngurus Akomodasi/peralatan : Kang Rezza, Kang Dudi, Kang Hendra & Kang Yayan
- Tukang pilem & motrét : Kang Rachmat Rawyani, Kang Hari "Bowie" Wibowo
- Nu ngatur Olah raga/Kasenian : Kang Tantan, Kang Irfan, Kang Dadang & Kang Herdiansyah
- Tukang Angkag-ingkig : Kang Kumi, Kang Cepi, Kang Romi & Kang Adeng
 
 

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke