Haturan kang Tirta...lan baraya sadaya...!,
Insya Allah sim abdi seja ngiring ngabantos perkawis nerjemaahkeun artikel kana basa sunda mamanawian bahan kaanggo. mung kumaha carana...? naha sapertos Pusaka Sunda tea atanapi kumaha...???

Cag...ah, nuhun.

"kujangs"

On 9/22/05, Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Tos dicobi ngoreh-ngoreh, geuning nu tos dilakonan Terjemahan ka Basa Sunda teh widang sastra (novel, carita jste.). Nya ieu teh dirarancang gawe teh rek narjamahkeun Gede-Gedean ka basa sunda:
1.  widangna fungsional, rek sagala widang teu diwates ku sastra hungkul. Ieu teh saluyu jeung kakuatan Kusnet nu boga kusneters dina sababaraha widang nu beda;
2. ngawitanana panginten ti artikel2 heula, teu langsung kana narjamahkeun buku. Sim kuring dina danget ieu nuju kompilasi artikel2 di rorompok. Nu nuju dikempelkeun teh dina widang manajemen (Kang Akos), atikan (Kang Runa), IT (Kang Eko). Ke terjemahan rencanana dikirim ka media, teras ditayangkeun di web US;
3. lengkah kahiji terjemahan teh nya murni nerjemahkeun kana basa sunda, lengkah kaduana nyobi dierong aplikasi/mangpaat mun diterapkeun di TS/US.
 
Sakitu panginten kabar ti BMRC.
 
salam
JP
 

mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Muhun kitu, Kang Rahmat, Kang Gunawan.
Sababaraha waktu ka tukang kuring kungsi kukurilingan
di Yogya. Naon nu katinggal, kira-kira jiga nu kungsi
ditulis ku Kang Ajip di PR, di Yogya sumanget
nerbitkeun bahan pustaka (buku) katinggal langkung
menonjol. Seueur buku-buku filsafat,  soasial-budaya,
jeung sajabana nu diterjemahkeun.

Upama noong kadinya, implengan kuring mah, BMRC
(Bujangga Manik Research Center) nu dikokojoan ku Kang
Titra teh, jigana arahna kudu kadinya. Ngayakeun
gerakan narjamahkeun PUSTAKA kana basa Sunda. Jigana
pantes oge, upama ngayakeun garapan narjamahkeun
NASKAH WANGSAKERTA, ngarah bisa kabaca ku balarea.

Salam,
MH

--- MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED] >
wrote:
> Leres Kang MH, batur mah pikiranana tos jauh dina
> hal PUSTAKA. Kuring masih emut taun 1980 eta CSIS
tos
> ngadamel buku (nyitak sorangan) buku-buku anu aya
> pakaitna sareng topik-topik kayaning, politik,
> kabudayaan, ekonomi, ssjb. Anu kaemut ku sim kuring.
> aya hiji buku anu diserat ku Ali Murtopo (salah
> sawios pendiri CSIS) judulna teh "Strategi
> Kebudayaan". Pan Urang sadaya terang kasang tukangna

> Ali Murtopo teh
> tangtara sakaligus politikus, pinuh ku pangalaman
> intelijen,sabangsaning operasi khusus (OPSUS) waktos
> urang bentrok sareng malaysia taun 1960-an,ngadamel
> konsep "Aspri Presiden" anu didemo ku mahasiswa
> "Malari 1974". Pang ahirna teh janten Menteri
> Penerangan, konsepna nya buku Strategi Kebudayaan
> eta
> (anu teras jabatan Menpen diestapetkeun ka Harmoko
> tea).
> CSIS teh dina hal ngamajengkeun elmu mah kaetang
> langkung maju batan lembaga swasta sanesna. Yuwono
> Sudarsono, salah sawios anu kenging beasiswa sakola
> di
> Inggris (pami teu lepat mah). Tapi eta anu teu kiat
> teh "paripolahna" anu rada "codeka" dina panggung
> politik dekade 70-80-an.
> Seueur rerencangan kuring  (mahasiswa politik) anu
> milarian bahan tulisan ka CSIS, da perpustakaanana
> kaetang lengkep oge, upami dibandingkeun sareng
> perpustakaan LIPI, atanapi perpustakaan sanesna di
> Jakarta (jaman taun 1980-an).
>
> baktos,
>
> mrachmatrawyani
>
> --- mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> > Hehehe,
> > Kang Agus, Kang Gunawan.
> > Lain ari kuring mah asa kaeleketek yeuh. Aya sisi
> > lain
> > dina eta ondangan nu ngahudangkeun rasa
> kapanasaran.
> > Paling henteu kabaca, yen dulur urang di CSIS,
> KUK,
> > jeung sajabana boga perhatian anu daria kana
> perkara
> > pentingna PUSTAKA. Duka ari urang, naha geus boga
> > perhatian jiga maranehna kitu kana perkara PUSTAKA
> > teh?
> >
> > salam,
> > mh


=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]


     
           
______________________________________________________
Yahoo! for Good
Donate to the Hurricane Katrina relief effort.
http://store.yahoo.com/redcross-donate3/

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke