'alaikumussalam,
Mugia du'a urang sadaya teh di ijabah ku Allah SWT, kang Tantan dipasihan
deui sehat wal afiat. Atuh ayeuna nuju di cobi mugia aya dina kasobaran
sareng tawakal, sing percanten Allah mah moal ukur masihan panyawat da pasti aya
landongna oge asal urang ulah cicingeun. Mugia enggal damang,
Kang.
Wassalam
Titi
-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED]On Behalf Of tantan hermansah
Sent: Friday, September 23, 2005 2:34 PM
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] neda pidu'anaAssalamu alaikum wr wbBaraya,Hapunten, tara ngelol pisan sim kuring teh. Nyaeta, ti poe ahad, kuring katarajang panyakit. ari nyerina mah dina urat. tapi terus nyababkeun, hudang oge hese. awak sabeula nyeri pisan. ngajoprak we pagawean teh. mun sakalieun hayang ka jamban oge, hudang teh bisa meakeun waktu memenitan. da eta hese tur nyeri pisan. kajadian kieu teh geus dua (ayeuna anu katilu) kaalaman ku kuring dina sajarah salila jadi jelema (tapi da teu boga pangamalan salian ti jadi jelema mah ketang). sasakala na mah basa bade aqad nikah, kuring kungsi kacilakaan, nalika mobil ELF jurusan Bandung -CIkajang anu ditumpakan teh ngajuralit sababaraha kali pedah nyoba nyingkahan buda anu ngadadak mentas. atuh kuring jeung panumpang nu lain tidadalagor da aya di jerona, keur mah teu make sabuk pengaman, da euweuh tea.Balukarna, meureun, urat kuring aya anu salah. keur mah harita teu langsung diubaran, da rek aqad tea. tah ieu kasakit, sok "kumat" mun kabeneran kuring tarik teuing mikir, atawa rada stress--khususna ku pagawean (nurutkeun pangalaman mah).Baraya,poe ieu kuring rada maksakeun ka tempat gawe anu di bogor wae. nu di Jakarta (Ciputat) mah teu acan wani, da ieu oge rada medeng awak teh. antara taktak anu hiji jeung sabeulahna teu bisa sajajar, da nyeri keneh. di kantor, salian ti kudu setor sababarah kawajiban, oge mukaan milis.tadi tatanya ka babaturan sa kantor. cenah, ayeuna mah, kuring--mun ninggali gejala-- geus asup kana kategori Strooke RIngan. Eleuh, cekeng teh. SIga jalma aya wae make strooke sagala. Tapi langsung dibales ku babaturan, panyakitmah tara ninggali jelema. he...he....Baraya,terus terang, kuring teu kuat lila ieu teh. kudu ngagoler deui. tapi memeh nutup ieu serelek, kuring meredih ka sadayan, upami teu kaabotan eta oge, neda pidu'ana. sangkan ieu panyakit gancang ingkah. da saur Rasul, upami anu ngadu'ana langkung ti hiji, tereh kana diijabahna.Hatur nuhunWassalamu alaikum wr wbbaktos,tantan(nu keur rada humarurung)N.B. Baraya, saparantos kuring ngirim ieu serat, kuring terus mulang ka rorompok. punten, upami sagala apresiasi perhatian ti baraya teu kabaca ku kuring.
This message (including any attachments) is only for the use of the person(s) for whom it is intended. It may contain Mattel confidential, proprietary and/or trade secret information. If you are not the intended recipient, you should not copy, distribute or use this information for any purpose, and you should delete this message and inform the sender immediately.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

