Waalaikum salam Wr.Wb.
Pak Dokter, nepangkeun ah sim kuring Gunawan ti Margaasih Bandung ngagaduhan pasoalan ngeunaan panyawat pun bojo. Pun bojo yuswa 45 tahun ngagaduhan keluhan dina imbit handap (pangkal paha) sabeulah tur parantos lami utamina mah saparantos ngadeg anu rada lami sok cangkeuleun tur pegel pisan. Atuh upami karaos teh kedah bae dipeuseul didedet-detet sareng deui gampil lebet angin tonggongna teh sok calebrek tariis kedah dibaluran ku lisah angin atanapi kayu putih bari dipeuseulan dugi ka tingali bareureum. Tah kinten-kintenna kunaonnya naha gejala osteophorosis kitu. Hatur nuhun sateuacanna.
Wassalam.
A.Gunawan
NB. Upami di Al-Islam teh tiap dinten dugi ka dinten Sabtu henteu.
dadang rukanta <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamu'alaikum Wr Wbr
Mugia sadaya baraya US aya dina ginanjar kawilujengan, dina
panangtayungan Gusti nu Maha Suci, Amin.
Perkawis usul baraya nu janten paguneman sakumaha usul kang mh, abdi
mangga nyaluyuan, hatur nuhun kana kapercantenan nana. Mung pamundut
teh, kuring mah purah ngawaler patarosan we, perkawis kumaha
ngalebetkeun nana kana web oge tehnis nu sanesna peryogi bantosan
baraya.. malih langkung Sae upami aya editor nu maneuh mah. Malih mah
sareng sababaraha baraya, kuring tos ngawitan ngabewarakeun ' jam
praktek maya' nyaeta mangrupi konsultasi nganggo 'fasilitas IM yahoo'
(nembe dibuka ahad sonten). Upami ieu kalebet aya manfaat mangga
tiasa dilajeng, mung waktosna kedah dibadantenkeun deui (nganggo
yahoo messengger with voice tiasa teu, nya ?)
Hatur nuhun.
DR
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

