Assalamu alaikum wr wb

Baraya,
Saparantos sim kuring tamada kasadayana, tamada ku sabab kalemahan diri anu kamari-kamari kaancikan panyakit. Ku jalaran pidu'a sadayana, sim kuring ayeuna tos tiasa deui buburuh, sok sanajan teu ngaberung teuing. Sok sanajan, kitu oge saur kangjeung Dokter, moal tiasa damang permanen, tapi sim kuring kedah disiplin ngajaga ieu awak. nya, bari salengkah dua lengkah, sim kuring ayeunamaksakeun deui nyibukkeun diri. hatur nuhun.

Nalika ngawitan mukaan surelek ieu, sim kuring mani ngangres, anu tadina--basa keur ngajoprak teu walakaya--ngarasa hirup sorangan di pangumbaraan, geuning, dulur kuring sakitu seu-eurna. ti mana ti mendi ngarojong ku dua.
Tah dina waktos ieu, sim kuring bade nyanggakeun hatur nuhun ka sadayana, anu tos ikhlas, clik putih clak herang, ngadu'akeun sim kuring.
Ka Ua Sidik, Teh Nia, Kang Kumincir (anu sabaraha kali nga SMS), Kang Oman (anu teu petot-petot ngainformasikeun hal-hal anu positip kanggo abdi), kang Runa, Kang DUdi, Kang Dadang (DR) anu tos nyayogikeun waktos kanggo ngaanalisis panyakit kuring (ke, kang, abdi bade khusus konsultasi ka Akang), TehTien, Kang Ndoel, Kang Pituin, Kang Akhmad Gunawan, sareng kasadaya baraya anu teu kasebatkeun hiji-hiji, sim kuring seja nghaturkeun nuhun. Teu aya deui anu bakal tiasa ngabales kasaean sadayana iwal ti Allah Swt.

Duh Gusti Allah Anu Maha Suci,
dina sagala kalemahan kuring, kuring tetep meredih ka Anjeun. Pang Tangtayungankeun dulur-dulur abdi di ieu forum. lancarkeun sagala kasaean anjeuna. mekarkeun kacinta maranehna sangkan beuki nyambuang ka sakuliah dunya.

Baraya,
Punten, ka anu masihan saran, nasehat, sareng bongbolongan kanggo ngalandongan ieu kasakit, punten sajuta kali punten, sim kuring teu tiasa nedunan sadayana. tapi, mugia sadayana teu janten rengat galih. sanes teu hoyong, tapi ku "terbatasna" sim kuring, akhirna sim kuring kedah milih.

Kang Dr. Dadang, Kang Manar, hatur nuhun pisan.

Wassalamualaikum wr wb

baktos

tantan



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke