----- Original Message -----
Sent: Tuesday, 27 September, 2005
15:01
Subject: [Urang Sunda] nepangkeun..
assalamu'alaikum warahmatullah wb.
sakumaha anu tos jentre kahartos ti ki kuncen..
nya abdi bade nepangkeun salaku seke seler ki sunda anu aya di banten... (da
banten oge sunda sanes?)
abdi wasta: d.s. wahyudin, ayeuna nuju kuli di
purwakarta.
kawit ti banten kidul. aya nu terang bayah? tah
eta t4 lahir sim kuring.
tos lulus ti ipb taun 1998, abdi langsung damel
di jawa timur (jember).
tah, nembe taun 2003 abdi tiasa wangsul deui ka
tatar sunda, nyaeta purwakarta. dugi ka ayeuna.
isteri ge abdi mah urang madura... sarakanana
prabu baladewa, saur si cepot mah. tapi pami putra mah asli sunda, da ayeuna
teh aya di purwakarta.
kitu wae panginten saheulaanan anu
kahatur...
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS