Assalamu'alaikum Wr Wbr.
Haturan Kang Gunawan, Upami ningal tina yuswa tuang istri oge
sumpingna sparantos ngadeg lami, abdi curiga panywatna teh nu disebat
Spondyloartrosis fase awal. (mung katangtosanana mah saena diparios
heula- muhun abdi di RS AL Islam unggal dinten, mung praktek mah
salasa,kemis,jumaah,saptu tabuh 8-12).
Spondyloartrosis teh hiji panyawat kumargi proses 'degeneratif' dina
sendi2 tulang pengker, tiasa janten tos aya proses osteoporosis nu
nambih abot panyawatna. Karaosna nyeri atanapi pegel dina cangkeng
atanapi imbit, utamina saparantos ngadeg atanapi lumampah rada tebih.
Kanggo ngabuktoskeun nana tiasa di Rontgen. Kumargi masih fase
ngawitan, ku 'fisiotherapi' (deept heat) insya Alloh tiasa ngirangan,
salajengnya kedah ditarekahan supados teu sumping deui kujalan
'strengtening' tulang pengker. Cekap ku 'exercise' rutin, tiasa senam
atanapi 'streching' (dikantor abdi aya gambar2 na, mangga bilih
peryogi tiasa dibantun di kantor).
Sakitu heula, hatur nuhun.
DR
NB(Nuluykeun Bacaan) : Haturan kang Tantan, Alhamdulillah tos sae
mah, mugi saterasna tiasa jag jag waringkas deui.
__________________________________
Yahoo! Mail - PC Magazine Editors' Choice 2005
http://mail.yahoo.com
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital.
http://us.click.yahoo.com/ons1pC/lbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/