bagea kang wilujeng rawuh di lembur babakan, nepangkeun sim abdi Boim bin Iim kawit ti Sumedang ayeuna nu di dayeuh Bandung. Ari ngadangu Bayah teh sok waas ka mangsa ka tukang basa keur lalagasan keneh (masih sakola luhur), di Bayah aya babaturan anu sarua sakola di Bandung ari ramana manten kapala SMP di Bayah kawitna mah di Cianjur tapi ayeuna geus tetep tumetep jadi urang Bayah , sim abdi ge ampir jadi urang bayah lamun ti heula jadi mah ngan lain jodo meureun (sok sanajan saliwat)...heheh.
Cag...ah,
"kujangs"
-kungsi PKL di Cikotok salila 10 poe di PT. ANTAM.
On 9/28/05, waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>--- In [email protected], "dudin supti" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> assalamu'alaikum warahmatullah wb.
> sakumaha anu tos jentre kahartos ti ki kuncen.. nya abdi bade
> nepangkeun salaku seke seler ki sunda anu aya di banten... (da
> banten oge sunda sanes?)
> abdi wasta: d.s. wahyudin, ayeuna nuju kuli di purwakarta.
> kawit ti banten kidul. aya nu terang bayah? tah eta t4 lahir sim
> kuring.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

