kang enton, mangga atuh, abdi mah resep ngadongeng kitu teh....
patarosan: kumaha pamadegan urang baduy ngenaan urang sunda nu aya beh kulon: garut, bandung jeung tatar sunda sanesana?..... kumaha saurna..
naha aya hubungan teu sareng US nu di kampung naga Tasik, pami aya kumaha pendapatna teh?...
eh kang enton hayu atuh ngadongeng deui.....
eh baraya abdi ngajak ka netter sunda ieu, hayu urang meto kang enton ieu hehe..
pami tiasa mah abdi teh tiasa maksa hahaha... lain tuda euy resep ku ngadanguna hahaha..
bahasa sunda baduy mah rada kasar nya..
patarosan deui: kata2 sunda naon wae nu sok remen diangge ku urang baduy???...
bae ulah nyeri hate, sangahareupan weh ku jembar manah, toleransi, ku gumujeung sumringah jeung sajabana....
sok siah dulur... hayu urang panca kaki.... da pencak silat (gelut) mah embung da papada dulur hahaha..![]()
...
enton supriyatna sind <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
enton supriyatna sind <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ngobrol jeung Jaro SaidiGeus sababaraha kali nganjang ka Baduy teh, tapi teu bosen-bosen. Sanajan tuur leklok jeung mumuncangan asa caroplok oge tetep we resep. Panggih jeung urang Baduy teh asa patepung jeung dulur nu geus lila teu kaanjangan. Mun ka dinya sok nepungan heula Jaro Saidi, cenah mun dina kabinet SBY mah minangka mendagri atawa menhankam. Di zaman Seoharto mah sok lar sup ka istana. Sok nyaliksik mun nanya pamaksudan asup ka baduy teh. Nyaho mun tape recorder hurung, apaleun mun kamera rek dioperasikeun. Sabab dua benda itu teh kawilang dilarang dibawa ka wewengkon baduy jero.Ari ngobrol jeung urang baduy mah resep ku blak-blakannana, sahabekna, teu aya nu didinding kelir, komo deui mun basa basi. Basa munggaran ka dinya mah pohara kagetna, sabab kudu milu basa kasar jeung saujradna. Tapi lila-lila mah betah oge. Loba lenyepaneun dina omongan-omongannana teh.Dina hiji mangsa kuring datang ka imahna bari huhujanan. Baju barelok da loba ti soledat di gawir. "Rek naon ka dieu huhujanan. Engke mun kojor di dieu kumaha?" Jaro Saidi ngabageakeun. Ah dijawab sahayuna bae. "Ulin we atuh jaro, geus lila teu panggih jeung dulur. Lapar yeuh hayang dahar," ceuk kuring, dan memang bener beuteung kukurubakn."Mawa beas henteu?" manehna nanya."Henteu""Uyah?""Henteu""Asin?""Roko?""Henteu""Heueuh atuh ari teu barangbawa mah tong loba kahayang. Cicing bae," ceuk si jaro. Tapi bari kitu teh terus nyalukan pamajikanana supaya masak sangu. Gustiii meuni nikmat pisan...keur cape diwewelan sangu beureum, dibabuk beuleum lauk asin, dikombinasi jeung lalab gendot nu dicocolkeun kana sambel lada saeutik. Keur jongjon ngahuap, Saidi nu ti tadi nempokeun teh pok ngomong "tanpa ekspresi" tea, "Dahar mah dahar...tapi tong dibeakeun da kami ge hayang dahar..." Coba eta ka tamu nepi ka kituna. Tapi da teu nyeri hate. Malah mah dahar nambah deui. Daripada nu boga imah peujitna murilit, meureun leuwih hade balaka bae ka nu jadi semah.Basa ku kuring ditanya kunaon sababna barudak di baduy teu meunang sarakola, Saidi ngajawab, "Keur naon barudak ku sakola sagala. Nu jadi gupernuh mah pan ngan hiji. Keur naon sakola, kami ge nyaho mun sakola engke barudak indit ka kota. Di kota caricing di kolong jambatan harese dahar. Didieu mah euweuh nu kalaparan. Ngan orok wungkul didieu mah nu teu dahar sangu teh".Terus kuring nanya soal Islam jeung Baduy. "Jaro, kunaon lolobana urang Baduy embung asup Islam""Yeuh ari dia pan Islam, daek teu jadi baduy?""Henteu""Tah mun urang Islam oge teu daek jadi baduy, urang Baduy ge tong dipapaksa jadi Islam"Kuring teu nanya deui....Cag heula sakitu...engke disambung deui mun aya umurWassESS
Yahoo! for Good
Click here to donate to the Hurricane Katrina relief effort.
Yahoo! for Good
Click here to donate to the Hurricane Katrina relief effort.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

