Assalamualaikum Warohmatullohi Wabarokatuh..
Panitia Halal Bihalal,
Acara Kempelan anu diayakeun dina dinten saptu, ping 24 September
ti tabuh 14.30 dugi ka magrib, di bumina Kang Akos, alhamdulillah
parantos kalaksana kalayan teu aya rintangan naon-naon.
Anu sumping dina ieu kempelan :
----------------------------------------------------
- Kang Akos
- Kang Tirta
- Kang Ikmal
- Kang Runa
- Teh Imas
- sareng abdi : Ndoell
(leres...mung sakituan)
Kagiatan / Acara :
------------------------------------------------------------
Ngabahas perkawis persiapan halal bihalal wé, nu hasilna
aya dihandap ieu :
------------------------------------------------------------
*RARANCANG ACARA*
SAPTU 26 NOPEMBER 2005
08.00~10.00 Daptar, Ngeusian Buku tamu (Teh Pupi & Teh Iva)
10.00~11.00 - Pembukaan (Ku MC : Kang Akhmad Gunawan)
- Pengajian (Ku Teh Iva)
- Doa (Ku Mang Oman)
- Sambutan Pupuhu Panitia : Kang Akos
- Sambutan ti Pamangku hajat : Uwa Siddik
- Sambutan ti Sesepuh KUSNET : Uwa Sasmita
- Sambutan ti Pupuhu YP : Mang Jamal
11.00~11.30 - Pencak Silat (ku Kang Irpan)
- Dokumenter Kasenian Sunda (Ku Kang Dudi)
11.30~12.00 Sakolepat medarkeun :
- Dewan Ekonomi Sunda (Kang Runa)
- Bujangga Manik Research Center (Kang Tirta)
12.00~13.30 Rehat, Sholat Lohor, Tuang Siang
13.30~14.30 Wawanohan ku cara Kaulinan (dipandu ku Kang Ikmal)
14.30~15.00 Mintonkeun Kasenian Sunda :
- Tari Merak (LS. Gentra Kaheman IPB)
- Tari Topeng (LS. Gentra Kaheman IPB)
15.00~15.30 Rehat, Sholat Ashar
15.30~18.00 - Mintonkeun Kocapi Suling (LS. Gentra Kaheman IPB)
- Kaleidoskop Kusnet 2005
- Door Prizes
18.00~19.30 - Mandi, Sholat Magrib, Tuang Wengi, Sholat Isya
19.30~23.30 D I S K U S I & R E H A T K O P I
- Kusnet kahareup, Tinjauan Strategis,
Visi & Misi (Ku Mang Oman)
- Tinjauan Operasional
- Revitalisasi Yayasan Perceka
- Program & Kagiatan :
* Pabukon (Mang Jamal)
* Website Urang Sunda (Kang Eko)
* BMRC (Kang Tirta, Mang Oman, Kang Eko & Kang Akos)
* Dewan Ekonomi Sunda & Koprasi (Kang Runa)
- Rarancang Gawe Kusnet Jakarta (Kang Tirta)
MINGGU 27 NOPEMBER 2005
06.00~07.00 Senam (Ku Teh Imas)
07.00~08.00 Mumuluk / Sarapan
08.10~10.00 Jalan-jalan ka Taman Bunga
10.00~11.00 Siap-siap mulih deui
11.00~ Marulih deui ka alamna sewang-sewangan....
------------------------------------------------------------
Catetan : nu ditulis diluhur nembe saukur rarancang,
bilih aya nu bade usul, nambihan, protes, ngiripik
eh..ngiritik, mangga diantos.
------------------------------------------------------------
Anu sanesna :
- Hususon Panitia nganggo kaos seragam & tetenger (pengenal)
- Uleman bade ngawitan diwawarkeun minggu kadua sasih saum
sareng konfirmasi nu bade ngiring kedah tos ngempel paling telat
saminggu sateuacana acara halal bihalal
- Acara Halal Bihalal ti ngawitan dugi ka rengse bade dipilemkeun
sareng dirékam kana CD, dikopi sareng dibagikeun ka sadaya nu
sumping keur oléh-oléh.
- Kempelan panitia bade diayakeun deui dina sasih saum (Buka Puasa
sasarengan)pikeun ngarancang Teknis acara sareng bada boboran,
pikeun Survey lokasi sareng maheutkeun acara.
Hatur nuhun kanu tos ngersakeun sumping, komo ka kang akos anu kersa
kasumpingan. Hatur nuhun oge anu parantos ngintun imel, nelpon sareng
ngintun SMS, sareng ngawartosan teu tiasa sumping.
Manawi sakitu pedarana kagiatan kempelan teh, kanggo salengkepna
manawi tiasa ditambihan kunu sanes. Hatur nuhun kana sagala
perhatosanana.
Wassalamu'alaikum Warrohmatullohi wabarokaatuh
-Ndoell-
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Help tsunami villages rebuild at GlobalGiving. The real work starts now.
http://us.click.yahoo.com/T8WM1C/KbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/