Kang Tatan,

Pamajikan kuring, sok manguruseun anu kawin, ti mimiti gedong,
katering tepi ka urusan upacara adat jeung tetek-bengek nu
lainna. Hiji mangsa kadatangan tatangga urang Jawa, hayang
dipanguruskeun anakna rek kawin. Atuh pamajikan teh bingung, da
teu apal kana upacara adat jawa mah, apalna ngan upacara adat
Sunda. Tunyu-tanya kaditu kadieu, ari pek teh biaya upacara adat
Jawa mah upama di Bandung, biayana langkung mahal. Si tatangga
waktu disodoran harga paket kawin make adat Jawa, ngajenghok
reuwaseun. Dibere alternatif, kumaha upama make adat sunda?
manehna daekeun, keun we cenah sanajan manehna urang Jawa, calon
besanna oge urang Jawa, tapi apan netep di Priangan, budakna ge
lahir di Bandung. Atuh waktu acara kawin teh degung sunda (kaset)
jeung lengser nu kaluar lain gending jawa. Loba nu hookeun kunaon
si Bapa eta ngawinkeun make adat Sunda. Alhamdulillah, eta nu
diuruskeun kawinna ku pamajikan teh, kamari papanggih geus
mamangku orok.

Sabulan kamari pamajikan oge nguruskeun nu kawin. Awewena urang
Jawa lalakina urang Palembang. Tah ieu mah "full" adat Jawa.
Cilaka aya kaributan saeutik. Masalahna kieu, dina upacara kawin
adat Jawa, pihak kolot panganten lalaki teu meunang nyaksian akad
nikah jeung upacara-upacara adat sejenna. Tah indungna panganten
lalaki, nu urang Palembang ieu, teu tarima dikitukeun, asa teu
dihargaan cenah, ....hing ....ceurik, bari ngangajak salakina
balik, pundung. Atuh pamajikan kuring teh satekah polah
nerangkeun yen dina upacara adat Jawa mah, kolot panganten Lalaki
teu meunang nyaksian. Nya rada leler, tapi tetep we jamedud tepi
ka resepsi enggeusan .....

Baktos,
WALUYA

> Upacara Akad Nikah Memakai Bahasa Sunda
>



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital.
http://us.click.yahoo.com/ons1pC/lbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke