Mang hasan katut baraya sanes.... abdi akntos ngadangu asal muasal kecap kaki lima, kieu saurna teh sasakalana mah (wadow jiga nu heu'euh sasakala!! :-) ) : kusabab nu dagang di sisi jalan teh sok di iyuhan ku terpal (dijieun tenda!!) anu unggal tung-tung na di talian tur di beungbeuratan ku batu (aya opat juru = opat kaki) tah anu kalima na teh nyaeta tutunjel anu dipasang di tengah-tengah, jadi weh tenda teh ajeg jang ngiuhan anu dagang tea teh ku 5 kaki.
kutiw sauran katerangan anu kantos katimu, duka anu leresna mah he he he....... baktos, ikmal mh wrote: >Kang Enton, baheula di ieu milis kungsi dibahas >istilah eta teh. Enya istilah "padagang kaki lima" >tea. Mun teu salah mah, Bah Willy kitu nu ngintun >artikelna teh. Mimitina mah kuring oge make jurus >kirata, "lima kaki" ku kuring dihartikeun, "dua kaki" >nu dagang, "tilu kaki" gilinding gorobak paragi dagang >- "dua" gilinding gede jeung "hiji" gilinding leutik, >nu jiga eretan timba. Hehehe. > >Tapi numutkeun pamanggih dina artikel "kaki lima" teh >cenah asalna tina istilah urang inggris "5 feets", >nyaeta trotoar jalan anu lebarna "5 kaki". Tah >kulantaran kitu, nu daragang dina trotoar sok dsebut >"pedagang kaki lima". Tah kitu cenah mah, dongengna >teh. > >=== >mh > >--- enton supriyatna sind <[EMAIL PROTECTED]> >wrote: > > > >>Alhamdulillah, simkuring kenging elmu anyar ti Kang >>MH ngeunaan "pancakaki". Meuni tebih kitu geuning >>nya, meuntas lautan. Sumpah, daek beunghar tujuh >>turunan, simkuring nembe terang yen rumusan >>"pancakaki" teh kitu. Hatur nuhun. Tah simkuring >>meredih ka sing saha bae nu uninga, kumaha >>asal-usulna bet aya istilah "pedagang kaki lima" >>(PKL). Pan mun nu dagangna lalaki, paling seueur oge >>"kaki tilu" (eta oge upami nu hiji deui nuju >>jagjag). >> >>Wassalam >>ESS >> >> > > >===== >Situs: http://www.urang-sunda.or.id/ >[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak] > > > >__________________________________ >Yahoo! Mail - PC Magazine Editors' Choice 2005 >http://mail.yahoo.com > > > >Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > >Yahoo! Groups Links > > > > > > > > > > > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> DonorsChoose.org helps at-risk students succeed. Fund a student project today! http://us.click.yahoo.com/O4u7KD/FpQLAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

