kang, punten ngarewong
cenah jelema mah kumaha uteukna.
mun uteukna jorang, jorok. Makana naon nu katingali ku manehna teh 
salawasna ngan pelebah jorok jeung jorang we..

kitu oge (meureun) mun terkait/perkawis karya seni: 
model karya seni instalasi kang tisna, kulantaran nu kawasa otakna 
runtah maka ningal karya kang tisna teh ceuk saurna runtah...

mun utekna ngeres... nya ningali gambar bandros dina hiji kanpas ge 
pikirana sanes bandros samata.. tapi kue pancong..
soal niley: relatip
heu...heu..

salam
agusher (teu ngartos seni..)


> mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> 1.soal lain seni, sabab loba jelema nganggap  nu kieu oge seni.  
seni
> aku2an wungkul, lain dumasar kana pangakuan umum (hartina enya sok 
dipake
> pikeun nyawer). dasarna ngan ceuk cenah yen eta teh paranti nyawer 
dina
> kawinan us.
> jadi seni soteh mun geus (enya kungsi) dihaleuangkeun. eta mah karek
> tulisan. paling copel sajak/puisi cawokah, meureun.
> 
> mun keukeuh hayang asup seni. mangga teh teuing. tapi seni baheula. 
keur
> urang sunda belegug keneh.
> 
> 2.bongan susundaan, nya kapaksa nurutan pamadegan prof. Yusuf 
Affendi basa
> nyebut yen karya Tisna lain karya seni. nu nyangkutkeun seni jeung 
etika
> sosial budaya nu hirup kumbuh di masyrakat.
> logikana: seni boga wates dina soal kasantunan. sopan. etika (niley 
ideal)
> nu hirup di masyarakatna. dina sabagean karya tisna aya tulisan 
ngeunaan
> tarip ka wc tur make basa barudak 'jalanan' sapopoe. teu kudu 
ditulis
> meureun di dieu da apal.
> 
> naon nu aya ayeuna mucunghul di urang/masyarakat can tangtu bener 
cek
> etika, komo make etika sunda. model foto taranjang anjasmara, eta 
teh snob
> kapitalis anyar urang jakarta nu hayang asup kana budaya 
kontemporer,
> sangkan teu kasebut tinggaleun.
> 
> conto karya seni rupa: karya Seni instalasi Tisna, pajuliwet karuh
> noongna. karyana aya dina dataran seni modern, nu kontemporerna 
pisan
> malah.  nu disebut seni instalasi make awi, tapi tulisanana (karek 
apal si
> kuring) make basa sunda. jadi si kuring oge lieur. tabrakan budaya.
> 
> 3. konsekwen salaku kuncen. baheula, kungsi aya nu ngirim eta, 
kuring
> ngalarang. ayeuna oge angger ngalarang jeung nyarekan. nu ieu 
sabenerna
> alesan  nomer hiji. seni atawa lain seni teu pati penting da matak 
moal
> turun BBM. adat nu anyar gabung bari teu maca aturan nu 
dipostingkeun ka
> unggal anggota anyar, kitu balukarna.
> 
> 4. Sunda loba cabang atawa jurusanan. kaasup sunda cawokah nu 
jurusana
> hal-hal nu jorang. kaci soteh dina lingkungan husus. teu di tempat 
umum
> siga milis KUSnet. kahayang mah KUSnet teh Sunda nu santun.
> 
> 5. tulisan pikeun sawer eta nunjukkeun urang sunda teh bodo bin 
belegug.
> lagu atawa sajak nepi ka kudu sajentrena, parabot disebutan. biasa 
atawa
> umumna panyajak atawa juru kawih sok make lambang, simbol atawa 
metafora
> cek elmuning sastra-winata mah.
> 
> 6. geus ah.
> 
> mj
> 
> http://geocities.com/mangjamal
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> 
> 
> 
> 
> ---------------------------------
> YAHOO! GROUPS LINKS 
> 
> 
>     Visit your group "urangsunda" on the web.
>   
>     To unsubscribe from this group, send an email to:
>  [EMAIL PROTECTED]
>   
>     Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of 
Service. 
> 
> 
> ---------------------------------
> 
> 
> 
> 
> =====
> Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
> [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
>               
> ---------------------------------
> Yahoo! for Good
>  Click here to donate to the Hurricane Katrina relief effort.




------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give at-risk students the materials they need to succeed at DonorsChoose.org!
http://us.click.yahoo.com/Ryu7JD/LpQLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke