Ass.wr.wb. Punten upami kantos dikintunkeun ka milis. Nyanggakeun ieu ajimantra baduy banten, mangrupi sawer sarwa guna....
Bismillahirohmanirahim, pangapunten ka sadaya, ka nu tua ka nu anom, sumawona ka nu sepuh mah, kaula bade nyembahkeun, nyi panganten sareng ki panganten, sapun, pun sapun, nyi lancuran sareng ki lancuran, nyi panghulu sareng ki panghulu, nyi lurah sareng ki lurah, ayeuna waringin wetan sapun, pun sapun, belon dadi belon langit dikurungan dalem langit kumacacang kumalintang di buruan nogara warsah si ambu lagi perawan si bapa lagi jalane di dalem sirna terus dina bau kunang hane kaneku wehing kan keh bujang kalare-lare sabulan sia nua kana netes dua bulan lenggang maya tilu bulan mangareman opat bulan lekumabar lima bulan ngaharuman enam bulan wungkul jadi tujuh bulan sia molah dalapan bulan timpang pitu sembilan bulan pular-pulir nu mikonokeun ka urang ning hormat nu medal ka alam dunya nu medal sipat embun-embunan diaranan putra kurungan nu medal sipat beuheung diaranan tenjoan buana nu medal sipat bujal timbang taraju emas ber ka siringingi ngaran sia sang sinda-sinda rohmat nu dibeber ku kanteh panca warna rohmat nu dikeureut ku sisilap nya sia nu nyaho bakayaning rohmat nu dibanjur ku banyu sang age-age rohmat nu ditangkubkeun diaranan tangkuban jati rohmat nu diayun diaranan ayunan waringin sungsang undurna ti palungguhan ayana di patapaan inditna ti pangcalikan ka ibuna ka ramana cupu manik cupu merah asihan si kadang buana sapun, pun sapun dina gelung katumiri dina pipi kula lenggang kula amit ngyun budak nu medal di bulan safar neda agung paralun neda panjang pangampura sewu ratu nu diumun sewu menak nu disembah diumun ku para ratu disembah ku para menak dedeg jaya waja tapa dedeg jaya sampurna sapun, pun sapun ka sang rumuhun ka batara ka batari nangtung dina kuwung-kuwung nitis dina katumiri nyaleket na panonpoe keukeumbingan jukut palias kaguru pun rama, bayu ka lebet neangan dewata lungguh di margahayu linggih di margasakti nincak dina bagemda ali wali nabi pada asih wali sakti sakabehna pacuan sia dek nangtung balad sia sarebu pacuan sia dek nyangsang balad sia salaksa pacuan sia dek nyangcing balad sia saketi masing jejg masing tanjeg sunarga jaya patuhan mangkana awet umurna mangkana lawas jayana spun, pun sapun di nu geling awak larang turun tunalung datanga ti marga hina bul kukus di poe ngagelar poe jumaah lahirna poe kemis nitisna di poe senen cuduk bayuna ti timur datan atmana ti barat sumpingna ti jangga rek hidep beunang ku lami kacukul ku nu rahayu kabedag ku nu langsana duk bayu awet umurna asup bayu ka kurungan mangkana ruhruy panggemuk mangkana leubeut mareupeuy ruhruy kembang rame buah mangkana jadian tahun mankana jadian sawah kumarincik disawer ku beas beureum beas beureum timrang kuning dedeg jaya braja mulya timrang jaya karantungan kawih kami buat mangku opat-lima opat-lima kagenep senen jumanten rakus sawan jampe ladang paku orang paku sakti paku asih lalayanan ti lembur sekaring rambut ti leuweung sekaring dangdeur sekar bingbin sarumpitna sekar kawung langarina sekar kalapa sintungna sekar pinang kamayangna kamayangna mun diayun mipit peuting ngala beurang ngendek-ngendek sarengenge pupulih bintang panyiraman badan hurip sasaka turun suka tina ibu tina rama suka bungah sawarga wargana sarea-rea bogoh teuing ka yunina yuni sia kembang pacing sansia midang ti peuting yuni sia kembang mancirang sansia midang ti beurang yuni sia kembang kalapa sansia midang ka bapa yuni sia kembang jambu sansia midang ka ambu yuni sia kembang loa sansia midang ka mitoha ari buuk galing muntang ngagereleng kana cangkeng ngagorolong kana tonggong bulu bitis pipicisan kagiris ku sisi samping pangaruh puyuh buntutan pangaruh oray taktakan sugih picis loga emas pangaruh jadian tahun pangaruh jadian sawah pangaruh hejo walulang pantes kaimbunan bujang (Yasria dina puisi sawer bahasa sunda, 1986) ---- Baktos Moch. Dedy ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Help Sudanese refugees rebuild their lives through GlobalGiving. http://us.click.yahoo.com/V8WM1C/EbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

