jenis buku, muhun kapungkur teh rada bade ditalungtik heula buku2 naon nu rada husus diperyogikeun kanggo hiji lembur. sapertos aya lembur nu seueur balong, nya panginten buku2 perikanan, jst.

tapi kumargi hese surveyna (peryogi waragad sareng waktos), nya fokus we ayeuna mah, saheulaanan, ka buku bacaan barudak SD-SMP. malah kantos oge buku pelajaranana.  abdi teu acan nyobi kontak ka Trubus/ Penebar Swadaya. kantos meseran bukuna di Palasari. buku agama has pasantren, kantos diobrolkeun sareng kang Oman, ke urang milarian di Bdg, dina sesa waktos di pangulinan tea :p

ka baraya sanesna, mangga atuh ulubiung, bade meseran buku2na langsung kintun ka alamat (aya di yp.urang-sunda.or.id/psk.htm ngan teu acan di upgrade ku data anyar, teu acan kabujeng), atanapi atahna. rekeningna aya di web di luhur.

hatur nuhun pisan teh Ika

mj



On 9/30/05, ika mardiah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Hatur nuhun. Upami pasantren miftahul huda hoyong buku-buku sajarah ( tokoh islam, sunda, atanapi nasional), oge buku-buku ngeunaan peternakan, pertanian, sareng perikanan.
Insya Allah, abdi bade ngiring nambihan kanggo meser bukuna. Upami teu aya pamengan, sasih oktober abdi bade ngalongok deui eta pasantren. Kahoyong mah bari nyandak buku tea. Bilih ti KUSnet aya nu bde ngiring, sae pisan.
 
Baktos,
ika




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke