Ngalajeungkeun Hancaan Ki Anjasmara. Punten ieu diwaler kenh, he...he..

 

Waluya <[EMAIL PROTECTED]> nyerat kieu:

 

Kuring mah henteu anti dongeng jurig, da resep matak kukurayeun, jiga maca
novelna Mohammad Ambri, Burak Siluman. Ngan nyaeta ari jurigna kudu jurig
impor mah asa kaleuleuwihi. Jurig di urang apan Kuntilanak, buta-hejo,
Onom ...jrrd, pokona mah seueur, teu kudu impor sagala ....hehehhe

 

Waleran simkuring :
Edas, eta dugi ka jurig sagala di
Indonesia mah di impor, beu...beu...
Pantes sapertosna upami nagara
Indonesia mun dilandi Nagara Sejuta Impor.
Enya atuh da sagala di impor, beas di impor, kedele di impor, BBM impor, jagong di impor, gula diimpor, jrrd, dugi ka jurig wae ku
Indonesia mah diimpor. Jigana jurig di Indonesia mah kirang berkualitas kitu ? he....he....

 


Kang Asband nyerat kieu :
Alhamdulillah kuringmah tibaheula nepika kiwari oge teu dibere resep ka si anjas teh... boro boro hayang ningali poto taranjangna sagala (da kuring oge boga atuh... heu heu heu..!)
Leres kang Ukay... UUD..! najan alesan seni lah.. itu ..ieu.. tai ucing sagala rupa ! anger we cicis kaditunamah..! (punten rada sewot yeuh..!)
Intinamah kuringmah teu panuju kana tingkah paripolah nukitu teh..

 

Waleran simkuirng :
Sae pisan upami dugi ka ayeuna kang Asband teu hoyong ningali poto tataranjang anu pameget (anjas), he...he...Kinten2a gaduh naon kang ?
Seni anu kitu teh apanan seni anu kabablasan. Kersa kitu baraya moral bangsa urang ruksak gara2 seni anu teu hade??? Tah palih dieu kedahna mah urang tiasa memfilter anu mana seni anu sae sareng anu mana seni anu awon.
Apanan ayeuna mah upami ningal sinetron, beu eta....paha ditingalikeun rok diluhur tuur, dada oge mani....alah kirang wasa nyariosna (eta teh pamaena teh wanoja aranom keneh). Ngangge anggean anu...alah bujal kamana2 (jigana lalaki raresepuen eta teh, he...he...). Apanan sinetron eta ditonton ku barudak. Anu antukna urang tisa ningali hasilna, seueur ayeuna dijalan tonggong sareng calana anu beulah jero katingal kamana-mana, heu....heu....
Kacida luar biasa pangaruh TV/informasi teh. Dipalebah dieu fungsi kulawarga kedah tiasa ngabendung eta sadayana.

 


Kang enton supriyatna sind" <[EMAIL PROTECTED]> nyerat kieu :
Kuring oge sok teu ngarti, mun aya pameran foto lalaki atawa awewe nu tataranjang kitu teh sok dibarengan ku dalil "itu cermin sebuah kepolosan, kejujujran, keterusterangan. itu seni yang harus dihargai". Okelah lamun eta cermin kepolosan, kajujuran, sok atuh kabeh nu pro kanu kararitu sina ditataranjang terus jalan-jalan di nu rame. Tong era-era da eta teh cermin kejujuran, kepolosan. Sok da eta mah seni ieuh...Sanes kitu, lur? Upami tataranjang kitu mah naon atuh bentenna Anjasmara sareng gorila di Kebon Binatang
Bandung. Ngan pedah gorila mah buluan sa awak-awak...ari Anjas mah...Cag ah sok kateterusan...

 

Waleran simkuring :
Simkuring oge teu ngartos kang kunaon mani dibentengan ku daralil sapertos kitu. Duka aya naon wae disapengkereun eta sadayana. Sapertosna mah hoyong ningal manusa teh bebas berkreasi bebas berekspresi, sareng...pokoknamah anu berbau bebas-bebasan. Sapertos aya konspirasi???????
Ari anjas mah panginten buluna dina lokasi-lokasi anu tertentu, he...he...mangga anu kersa nataan hiji2, mangga....

 


Kang Hepi" <[EMAIL PROTECTED]> nyerat kieu :

 

....bener kuduna mah FPI turun geura, sina dibuburak , keuheul bin mentegeg kasi india eta teh, euweuh pisan sense of educate na

 

Waleran simkuirng :
Pan anu penting cicis gumirincing dina kantong kang, he...he...
Tah dipalebah dieu diuji tingkat kakreativitasan urang
Indonesia teh, khususna US, kanggo milarian acara TV/sinetron anu sae sareng seueur manfaatna sareng anu langkung mayunkeun moral. Puguh sinetron Indonesia mah miskin kreativitas anu sae (sanajan teu sadayana kitu). Mung sanajan kitu keukeuh we laku ditonton.

 

Tah ti eta sadayana, saur simkuirng mah sadaya elemen kedah berfungsi (pamarentah, dunia entertain, media massa, masyarakat, kulawarga, pribadi sewang-sewangan sareng anu sanesna) yen mintonkeun seni teh kedah anu sae. Tiasa teu nya ????????

 

cag..



Baktos Ti Pribados,
Runa Inawan - KUSnet
"Kebajikan yang ringan adalah menunjukkan muka berseri-seri dan mengucapkan kata-kata yang lemah lembut"(Umar bin Khattab) "


Apakah Anda Yahoo!?
Sekarang dengan penyimpanan 1GB
http://id.mail.yahoo.com/


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke