bagea kang Syam... lami teu katingal amengan ka warung.. kumaha damang?
hatur nuhun ah.. yeuh keomna... ngan can parat geuningan...
 
Baktos,
Ule

 
2005/9/30, syam ridwan <[EMAIL PROTECTED]>:
DILANDIH si pelung soteh pedah kongkorongokna sok panglantasna, beda jeung hayam jago lianna. Putri diuuuuuk...putri diuuuuuuk...! Sorana lir kuwung kuwung melengkung aweuhanana parat ka lembur sejen. Sakapeung mah sok ngarasa aneh ka si pelung teh, eta we kawas boga alarem sagala, saban geus teng janari,sok on time tara elat pangheulana kongkorongok ngabejaan baturna. Kungsi hiji waktu si pelung sore-sore keneh geus kongkorongok, ari pek teh isukna gujrud cenah aya hansip kaperegok tas ti imah randa. Teuing tahayul  teuing bener, mun aya hayam kongrongok lain mangsa, totonden nek aya bala'i atawa aya jalma anu ngalakukeun nirca.
 
Teu tisasarina, si pelung can kadenge disada, padahal wanci geus ngahaeub ka janari leutik. Hate jadi tugenah. Boa-boa si pelung teh hareeng, enya karek inget, paingan kamari basa diparaban, nyatuna calam-celem. Dak dumadakan deuih pitunduheun ge ngadadak leungit, parat nepi ka subuh teu sare deui, kitu na mah pantes najan dipeureum peureumkeun ge ari pikiran nyaring mah moal aya pitunduheun, pikiran manteng terus ka si pelung. 
 
Isukna buru-buru kuring muru paranje, enya we simpe, biasana mun aya jalma kadinya, sok kadenge cacakar bari keketok disada. Barang breh teh si pelung kasampak geus jeger, tina irungna kaluar cai, lebah telihna semu geunteul. "Keuna pluh burung maneh teh pelung, naha pan tara lunta lanto ka Ragunan lin ?" Paingan peuting kamari ngimpi murag huntu, da meureun bakal kajadian kieu. Beh na mah basa kamari keur dicoo teh,maneh teh meureun cumarita yen keur hareeng, heueuh hampura, rumasa teu ngarti bahasa hayam, mun ngarti mah meureun ku dewek teh langsung we dibawa ka dokter hewan. Kajeun di opname ge, dewek rido nungguan. Saterasna mangga klik di http://payoez.multiply.com
SR

 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke