rame pisannya masalah seni (si anjasmara teh)
ari ceuk simkuring mah, da urang teh hirup moal salamina, jeng urang oge boga tugas lain, pikeun ibadah ti alam dunya teh keur bekel engke jaga akherat, jadi lamun tiasa mah sagala oge urang sandarkeun kana kacamata/paradigma agama. da puguh atuh muka orat mah dilarang ku agama, dan dek nanaonan atuh make seni-senian sagala, seni teh menang asal sesuai jeng agama, pasti aya manfaatnya. jadi paradigma agama kedah di pake kana ningal hiji masalah2 nu aya.
teu hilaf marhaban yaa ramadhan, mugia sing dikuatkeun dina ngalaksanakeun ibadah saumna.

Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Neng Iva nyerat :
> Sedengkeun kabudayaan urang
> tangtuna bakal beda jeung kabudayaan batur. Jiga seni
tataranjang ceuk
> kabudayaan batur mah (eropa/modern) pastina dianggap aya senian.

Satuju Neng Iva .....hehehhe. Tapi kuring moal ngobrolkeun
perkara seni, tapi perkara bulucun (bugil). Rada aneh oge lamun
urang nyebutkeun bulucun teh budaya ti kulon, sabab upama ningali
patung-patung paninggalan karuhun baheula, rata-rata satengah
bulucun. Malah ceuk cenah mah relief di candi borobudur nu
panghandapna, ngagambarkeun "karmasutra" versi candi Borobudur.
Oge painggalan jaman baheula pisan, jiga batu menhir (lingga
jeung yoni) nu ngalambangkeun kagagahan  (phallus lakaki) jeung
kasuburan (kagungan kaum istri).

Bulucun dina hartina ngan ukur nutupan nu sahandeupeun bujal
jeung saluhureun tuur, estu budaya bangsa urang baheula. Kuring
kungsi asup ka jero kalimantan, manggihan kaum awewe urang dayak
anu "topless" ieu. Atuh di urang SUnda oge baheula, ari kaum
nini-nini mah, nya kitu lah, sok bulucun satengahna, atawa
dikutang wungkul. Duka ari nu kieu, asup pornografi atawa henteu?

Kabiasaan awewe Bali baheula "topless", pinareup kamana-mendi.
Urang Walanda nu ngarasa moralna langkung hade, kaget, terus
nyosialisasikeun nganggo kutang jeung baju keur awewe Bali (
sumber : Posting Kang Rahman di millis baraya_sunda). Nu lucu,
jaman ayeuna malah urang Bule sorangan nu sok bulucun di basisir
di Bali .....

"Bulucun", timana asalna nya? ti " Kulon" atawa ti "wetan"?

Baktos,
WALUYA




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


Yahoo! for Good
Click here to donate to the Hurricane Katrina relief effort.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke