Sareng hormat
Wilujeng "weekend"
Aya sesebutan anu katelah keur urang minang, nyaeta
"si padang bengkok!". 
Panasaan sim kuring naroskeun sesebutan eta ka
urang/turunan padang, naha bet aya sebutan kitu? Waler
anjeuna teh, kumargi di padang aya nu namina Padang
Panjang. Diemutan deui nu namina panjang teh biasanya
"lurus"/lempeng. Jadi ari kitumah atuh kahartos yen di
padang mah aya anu "lurus" jeung aya anu "bengkok".
Kumaha kanyataan prak-prakan dina wanci kiwari? Kitu
geuning ayeuna "komunitas" padang teh kabagi jadi dua,
nyatana anu "konservatif religius" sareng "liberal
modern". Dua kubu ieu gilinggisik adu renyom
padungdengan milarian "bebeneran".

Hasilna? Gubernur padang ngengingkeun penghargaan
pamimpin anu gaduh "komitmen" pikeun ngaberantas
korupsi. Namina teh Feri Gumawan kitu? Punten hilap
deui. Upami ningali kana proses dialektika
"tesis-antitesis-sintesis", asanamah sae upami dianggo
pikeun kamajuan sareng kamaslahatan hiji umat/kaum.
Kitu deui urang minangmah maju pisan dina urusan
"tulis-menulis" atanapi sastra kitu oge dina dunia
usaha penerbitan/cetak-mencetak, ngarang buku.

Ari urang sunda kumaha?

Asanamah komunitas urang sunda asa "heurin ku letah"
lamun diadu renyom pikeun neangan "bebeneran", tibatan
"ribut" mending gelut atawa nyingkir kanu buni.

Asa jadi boga ide, kumaha lamun sim kuring ngawakilan,
hiji kubu misalna "sunda heuras", atanapi bobotoh Ajip
Rosidi, teras urang jieun wae lawanna "sunda halus"
sok saha anu bade ngawakilanana?  
Cobi urang candak contoh kasusna:
Misalna upami ningali deui kana VISI jawa barat
asanamah salah definisi kata sebutan "visi", panginten
pahili/pabaliut sareng target. Jadina gawe pahibut
"akselerasi" ngudag target anu pasti moal kahontal,
pagawe pemda jadina ngalembur terus, bari teu puguh
hasilna.

Derr ah.






                
__________________________________ 
Yahoo! Mail - PC Magazine Editors' Choice 2005 
http://mail.yahoo.com


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help tsunami villages rebuild at GlobalGiving. The real work starts now.
http://us.click.yahoo.com/T8WM1C/KbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke