Beja ngeunaan aya kuil hindu di Gunung Salak satemenna lain beja kamari ieu. Sok sanajan kitu, hatur nuhun ka Kang Yayan anu parantos ngahudangkeun deui ieu jejer.
Ti saprak diwangunna kuil Hindu di Gn salak anu mamawa jejer Prabu Siliwangi, si kuring nganti-nganti komentar ti para inohong Sunda. Sigana kulantaran si kuring teu imeut mariksaan rupa-rupa media, komentar-komentar anu dipiharep teh teu acan kapaluruh sadayana. Nya - kusabab inohong budayawan Sunda anu kahontal ngobrol teh keur sawatara ieu Abah Surya (AS), si kuring kungsi ngobrolkeun perkara eta ka anjeunna. Waleran sareng komentar anjeunna pakait sareng jejer Prabu Siliwangi anu kamari-kamari ieu dipostingkeun jeung dipadungdengkeun ku dulur-dulur urang, jejer anu nyutat tina pamadegan Kang Ajip Rosidi (AR) dina sawala pangwangunan dina tatapakan budaya lokal.
Numutkeun AS, kajadian ayana Pura Hindu di Gunung Salak anu dikaitkeun sareng Prabu Siliwangi dina jihat asal-usulna tiasa disawang tina jejer budaya, pasna mah lebah "fill in" dina budaya. Hiji budaya tiasa direvitalisasi, di-fill in (dieusian), tiasa dimekarkeun oge tiasa dipupus (didelete) gumantung urang. Upami urang henteu ngayakeun revitalisasi budaya....budaya urang tiasa dilebetan ku budaya seler sanes (di-fill-in). Tah kitu pisan anu kajantenan dina "kasus" pura Hindu di Gunung Salak anu dikaitkeun sareng "mitos" Prabu Siliwangi.
Mitos atawa lain eta hiji perkara, namung kanyataan yen carita atawa "mitos" ngeunaan Prabu Siliwangi (PS) teh geus aya dina kasadaran kolektif Urang Sunda, eta perkara sejen anu perlu dipikiran. Hartina, PS teh geus jadi salah sahiji tina unsur budaya anu tumuwuh di masyarakat Sunda, pernahna mah dina lebah ajen-inajen. Upama ieu kasadaran kolektif teh henteu direvitalisasi, mangka baris aya seler sejen anu "ngamanfaatkeunana". Harti revitalisasi di dieu taya lian ti neuleuman kalawan jero tur neangan ajen-inajenna sarta dihirupkeun deui ku cara ngamaknaanana luyu jeung pangabutuh jaman; tuluy disosialisasikeun bari ngawangun kreativitas tina makna anu anyar ieu.
Kukituna...upama PS henteu direvitalisasi-komo ditinggalkeun mah da "mitos" tea-seler sejen geus siap (malah geus dimimitian) ngarawu ieu tokoh PS. Na matak naon upama PS teh dimaknaan jeung dikotektak enas-enasna salaku falsafah kasundaan. Malah mah muka keneh kasempetan yen naon anu dilakukeun ku PS teh (PS ceuk mitos wae heula) tiasa paralel sareng visi "rahmatan lil 'alamin" anu cenah visi Islam tea. Saterusna ieu makna teh diturunkeun jadi program kagiatan sapopoe.
Kusabab kitu, "mitos " PS ceuk kuring mah masih relevan pikeun digulang-gaper, diwacanakeun, dietangan makna anu payus jeung alam kaayeunakeun. Lamun US teu sanggup ngayakeun revitalisasi kana "mitos" PS, ulah kaget upama Pura Hindu atas nama PS -atawa malah gareja atas nama PS oge- kahareup baris mahabu.
Cag.
baktos,
manAR
On 10/3/05, :: Yayan Mulyana :: <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
punteun sateuacaana kamaqri teh didaerah bogor nu
gunung salak na teh aya parayaan urang hindu.. tah
didinya teh manehna ngadameul pura ceunah mah kitu
manehna aya katurunan siliwangi da kamari teh tos
sabulan ceunah mah paraayaanna teh teras pas kaping 30
september panutupanan malihan aya gubernur jeung
pajabat2 balina kadinya teh da kuirng oge kungsi
ningali eta puri teh.. pas kaping hijina jelegur bali
di bom.. ach mereun culangung di gunung salak meren..
wassalam
KUIL DI KAKI GUNUNG SALAK
http://www.merbabu.com/artikel/kuil-gunung-salak.html
Di kaki gunung salak, Kabupaten Bogor, ada kuil Hindu.
Orang menamakannya sebagai kuil Prabu Siliwangi.
Mengapa begitu sebab orang hindu dari bali sengaja
membangun kuil itu sebagai penghormatan kepada Prabu
Siliwangi, Raja Pajajaran yang dianggap telah berjasa
mengembangkan agama hindu. Terlepas dari perbedaan
anggapan, apakah benar Prabu Siliwangi beragama hindu
atau bukan, yang jelas, begitulah yang dikatakan I
nyoman Radeg, pendeta hindu yang bertanggung jawab
sehari-hari di kuil itu.
Sumber: Majalah Misteri september 2001
___________________________________________________________
To help you stay safe and secure online, we've developed the all new Yahoo! Security Centre. http://uk.security.yahoo.com
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page
http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

