Punten rada telat.... Kaping 24 September 05 abdi sareng pun bojo ka lembur di Banjar, bade nepungan pun biang teras jarah kanu tos teu aya... Sakantenan ka Banjar, abdi ngabantun/nganteurkeun buku kanggo Pabukon di Banjar, sadayana 2 (dua) kardus.... duka sabaraha hiji da teu acan di roris.... Dugi ka Banjar ba'da lohor... teras wae abdi nepangan Ibu Aas anu bade ngelola pabukon di Banjar malihan-mah kantos komunikasi sareng MJ. Pabukon di Banjar bade nyandak nami tinu masihan wae cenah.. Pabukon "PERCEKA". Tempat na di Jalan Cagak, Desa Pataruman, Kota Banjar Bapa Hendarisman/Aang, Ibu Aas , Tlp 0265-741093 Ibu Aas mitutur.. :
"Abdi tos nyuhunkeun ka Dinas (maksadnamah P&K kecamatan.. maklum Ibu Guru) sok bilih lepat hartos Abdi nambutkeun buku bacaan ka Masyarakat.. Nya saur Dinas teh : `Syukur atuh ari aya sponsor mah, sok lengkepan wae ku buku bacaan kanggo sakola oge dongeng jeung carpon.' Ka Desa satempat tos nyuhunkeun Widi (kitu geuning ari dilemburmah, hade ku omong goreng ku omong), nya sambutanana sae oge `Sok geura der.. mun tiasa memeh puasa, eusian ku buku bacaeun anu awa patula catalina jeung Kasehatan, Pertanian, Pertanian atawa naon wae anu tiasa ngarojong kana ningkatkeun pangaweruh urang dieu, tong poho Majalah Mangle, Doneng jeung Bobodoran ' Tempatna ku anjeunana tos di rencanakeun buku disimpen di ruang kulawarga dina Sprongkas urut baheula dadagangan, tempat maca tiasa di ruang eta keneh da lalega geuning imah di lemburmah, di payuneun bumi handapeun tangkal kalapa bari ngampar samak .. Euh... dunungan ngageroan . Laporan langkung lengkep ke nyusul .. Ka kang Harri Wibowo di Jakarta ... Hatur nuhun.... Diantos cenah upami kaleresan ka Banjar .... Potona nyusul,,, Wassalam Mamat Rachmat mantanjajakakapaksa ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital. http://us.click.yahoo.com/ons1pC/lbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

