hatur nuhun ka kersama mrachmat tapak jajaka kapakan
nu parantoz nganteurkeun dua-tilu kardus buku
pabukons. fotona bade dikoleksi yp, kanggo
dokumentasi. malah mun aya tempatna mah di web kusnet,
asupkeun ka dinya. 

saptu kamari oge, aya urang batujajar barat, kecamatan
batujajar ka rajamantri, ngakut buku2 pikeun pabukon
di lemburna.

tadina sapopoe ka jkt, nganteur barudak pangulinan
jalan2. di sms ku kang Allen, manager pemasaran
nasional mizan, paranti pesen buku. saena cenah, aya
foto2 penyerahan, jsb, nu sipatna seremonial. asa
wegah da kitu teh model pamarentah. dina enyana oge
teu kedah direuah-reuah. amal tapi pamer meureun. 

kapungkur mah buku2na di cap hiji2, program pabukon
simpay katresna yayasan perceka komunitas urang sunda
di internet. tapi beh dieu mah tara. da cape euy ari
kudu ngecap hiji2.kadang2 sok menta di andiw ka bubat,
sina ngecap. nya ngadeluk si eta ngecap. ayeuna mah,
tara dicap. punten sanes curhat, ngan nyaritakeun
kagiatan prosesna. ngahaja teu ngajak2 nu sejen pikeun
bubungkus.

engke mah urang capan heula deui meh gaya. meh barudak
apal eta teh buku2 ti kusnet. urang sunda nu sok
ngumpul dina milis di internet. sugan we apal yen aya
urang sunda nu teuing saha, milu nyaah ka maranehna,
sugan ku dibere buku jeung dibaca, bisa siga kang Yaya
atawa kang Mike Ontohod atawa nu sanesna.

tapi ari usumna kitu mah -kudu rada seremonial-, nya
teu nanaon.  nuhun we ka kang rachmat. ke ka unggal
pabukon nu tiasa, bade ukeun foto rak buku jeung
barudak nu keur macana.

sugan mun jadi menta dana ka pamarentah -hal nu salila
ieu sabenerna mah rada disengker, da ari kahayangna
mah independen (mandiri) tapi hese uget jeung lila,
ugetna siga kuya da ngan ngandelkeun sababaraha urang,
ti sarebu lima ratusan baraya teh. tapi nya meureun
adat suradat us teh kitu. teu bisa pakumahahaha. nya
atuh ngangge cara kuya deui we. hehe. lalaonan tapi
mayeung.

hatur nuhun kanu parantos ngintun kencleng kanggo
program pabukons. mugia katampi kasaenana ku barudak
di lembur nu tos aya pabukon kusnet.

--- mamat rachmat <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Bumi Pabukon PERCEKA.. Serah teriam Buku
> 
> 
> 
> 
> 



                
__________________________________ 
Yahoo! Mail - PC Magazine Editors' Choice 2005 
http://mail.yahoo.com


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help tsunami villages rebuild at GlobalGiving. The real work starts now.
http://us.click.yahoo.com/T8WM1C/KbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke