Assalamu'alaikum wr.wb.,
(moal pupuisian heula ah.......) Tina qalbu nu pangjero-jerona pisan simkuring sakulawarga seja nyuhunkeun dihapunten tina samudaya kalepatan, boh dina cariosan, atawa seratan anu lepat, oge boh nu pernah ngaraheutkeun manah para saderek sadayana.... salami sim kuring janten Kuncen GL ieu, sareng ulubiung di ieu milis Urang Sunda... da' sadayana oge eta mah estu sok dihaja pisan.... tiluhur sausap rambut, tihandap sausap dampal,ti tengeh-tengah saaya-aya na wae..... kukituna ji sim kuring nyuhunkeun rido galihna wae kasadayana kanggo ngahapunten sagalarupi kalepatan jisim kuring urang balungbang timurkeun, caang bulan opat welas ,teu aya deui gantar kakaitan, tunggul sirungan,catang supaan.... diantara urang jeung urang....... Wilujeng ngalakonan ibadah sasih syiam taun 1426H,.... mugia Alloh S.W.T. ngalimpahkeun Rahmat sareng maghfirah na kangge urang sadayana.. salam, Toni Sofian sarimbit *punten upami aya nu lepat dina ketikan sareng ucapanana... ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give at-risk students the materials they need to succeed at DonorsChoose.org! http://us.click.yahoo.com/Ryu7JD/LpQLAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

