Baraya Kusnet sadayana,
 
[urang teuleuman ieu carita]:
Teh Neti boga anak 2 masih laleutik keneh anu cikal umur 5 taun karak asup TK jeung anu kadua karak umur 2 taun, salakina gawe dipabrik pangkat operator (bisa dibayangkeun gajihna moal jauh ti UMR), geus sataun nyicingan imah meunang ngiridit (KPR) malahmah jangka waktu kiriditan eta imah teh 15 taun lilana. Teh Neti tiap awal bulan teh lieur ngatur duit sangkan cicilan imah kabayar, sakola budak kabayar, listrik, cai, kabutuhan sapopoe jeung rea rea deui. Kusabab gajih salakina teu cukup atuh Teh Neti teh rajeun sok nyieun gorengan tuluy dititipkeun diwarung tatangga, lumayan hasilna jang nambah nambah resiko dapur.
Ayeuna kahirupan kulawarga Teh Neti jadi leuwih pait lantaran nekna BBM teu euleum euleum, karasa pisan ku Teh Neti. Biasana sabulan Teh Neti ngagunakeun minyak tanah 20 leter atawa 24,000 rp (hargana masih 1,200 rp) sedengkeun ayeuna kudu ngaluarkeun 60,000 rp (harga jadi 3,000 rp), tah kacipta kumaha bingungna Teh Neti, katambah harga harga kabutuhan poko oge naraek. Naon deui anu bisa dikurangan jatah pengeluaran teh iwal ti jatah susu anakna (meungkin kurang gizi we atuh budak teh nya..!).
 
Baraya..!
Kuring boga ide rek ngenalkeun penggunaan batubara jang rumah tangga dikomplek kuring (sugan bisa ngabantu efisinsi BBM), ide ieu ku kuring geus dicaritakeun ka sababaraha urang tatangga di komplek kuring, ngan kuring lebeng teu boga informasi ngeunaan batubara jeung tungkuna.
Lamun aya baraya Kusnet anu apal dimana kuring bisa meuli batubara jeung tunggkuna sakalian jeung hargana cing punten bejaan... (diantos pisan..!)
 
Salam,
Asep Subandi
-- anu bahasana garihal tea --


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke