|
Novel Mundinglaya Dikusumah nu dianggo ngareuah
reuah milangkala perkawinan Pa Ayip R - Empat teh karangan Pa Tasdik
Margantara alias Tasdik Al Garuti (anjeuna urang Garut), harita pangaosna
Rp.50.000,-/buku ua Sas ge meuli hiji.
Dina sabukuna teh aya 3 versi
bahasa, bahasa Sunda, bahasa Idonesia sareng bahasa
Inggris. Basa milangkala KAA nu ka 50 eta buku teh
dijadikeun cindera mata ti gubernur jabar ka delegasi
mancanagara, sabenerna ieu teh jadi kabanggaan oge pikeun urang sunda
mah. Tadi wengi basa taraweh pendak jeung Pa Tasdik, ceuk
anjeuna si buku teh direkomendasikeun ku Dinas Pendidikan
Kebudayaan dan Pariwisata Jabar pikeun bacaeun barudak.
|

