sajalan nu ditetelakeun ku kang Akhmad, memang kecewa pisan ninggal band pembuka.
ari ninggal Gigi-na mah teu kunanaon da mung ngubah aransemen hungkul.
mung eta pas ninggal Ares Band, asa peureus hate teh
lagu karesep kuring jadi teu matut kitu, bari nu nyanyina teu pantes pisan.

hmmm,...

On 10/5/05, Akhmad Gunawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamualaikum Wr.Wb.
 
Acara enggal di TV7 jam 20.30 tadi peuting ari judulna mah kalintang alusna nyaeta BERKAH RAMADLAN anu di pandu ku ASTI ANANTA aya oge taussiahna ti ustadz SAHRULSYAH ngan hanjakal dina bubuka eta acara teh Masya Alloh dibuka ku salah sahiji grup band ARIS BAND anu kacida mentegegna kana hate sim kuring sabab  lagu CINTA PADAMU YA ROSUL anu sok didendangkeun ku BIMBO dinyanyikeun ku budak ngora awewe anu papakeannana teu matut dilalajoanan ku barudak (ABG) ti Yayasan Anak Yatim Piatu anu marake Jilbab jeung dipareci ari anu nyanyina tembong bujal jeung pakeannana nyitak pisan. Salian ti eta lagu syahdu anu biasa dinyanyikeun ku BIMBO teh dirobah jadi ngerock ceuk barudak ngora mah atuh dinyanyikeunnana oge bari ajrag-ajragan.
 
Mangga pedar tah kumaha kinten-kintenna lamun dipalupuh tina masalah senina.
 
Cag ah,
 
Wassalam
--WAG-- 
Mangga pedar

Se



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke