| SIMKURING MAH DI KOTA PUSAN/BUSAN. KIRANG LANGKUNG 3 JAM KA PYONG TEK TEH. |
aqis fairuz <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ass, wr. wb
Wilujeng boboran syiam ka wargi sadaya nu aya di Kusnet.
Kaleresan simkuring mah di kota busan nu engke sasih nopember di angge APEC, upami salira mah bade ngabujuneg ka Pyongtek mah tebih aya kana 3-4 jam na ti simkuring mah. dupi salira sabaraha lami aya di pyongtek? tah pami ka kang yr32 mah caket anjeuna di Seoul. upami janten angkat mangga di antos ku simkuring tlp, na . ieu no hp simkuring . 011.9696.1228.
wilujeng tepang di korea .
wassalam
narda athalasyah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:heunteu pami akang nu di korea. Koreana palih
mana...??? kumargi enjing ge abi bade ka korea tepatna
di pyungtaek, Chongory kitu tah kang
--- Kang Ule <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Bagea kang Yanto,
> mangga wilujeng ngarieung di Lembur BaKus anu
> dipikameumeut tur dipikareueus
> ku urang sadaya.
> sami sami nepangkeun, wasta sim kuring Cecep Wahyu,
> kawit ti Bandung (
> Cicadas "Nagara Beling tea" ) ayeuna nuju nyiar
> rijki di Kep. Riau merenahna
> di P. Bintan pulo sagedengeun P. Batam.
> mangga kang lajengkeun, mugia sing betah
> tumaninah...mangga geura guar
> pangalaman sareng pangaweruhna.. sim kuring mah
> biasa wae bagean mulungan...
> Baktoz,
>
>
> 2005/10/1, aqis fairuz <[EMAIL PROTECTED]>:
> >
> > Sampurasun .!!!
> >
> > Nepangkeun . Kawargi sadaya nu aya di
> Millist Kusnet.
> >
> > Simkuring Yanto, ( da kuring mah aya terah UJ
> namung ti ngawitan gubrag ka
> > alam dunya dugi ka ageung di bandung ), dupi kawit
> mah mah di dayeuh
> > Bandung di leresan padasuka sagedengeun saung
> angklung Udjo, namung ayeuna
> > nuju ngumbara/buburuh di Korea, simkuring uninga
> Kusnet dipasihan terang
> > ti wargi urang keneh nu nuju mancen tugas di Korea
> oge sami anjeuna ti
> > Bandung,
> >
> > Cekap mung sakitu heula, boh bilih aya seratan anu
> kirang merenah mugia
> > kersa dihapunten.
> >
> > Hatur nuhun ka Kuncen sadaya
> >
> > Wassalam
> >
> > Abah Aqis,
> >
> > Busan City Korea
> >
> >
>
__________________________________
Yahoo! Mail - PC Magazine Editors' Choice 2005
http://mail.yahoo.com
Yahoo! for Good
Click here to donate to the Hurricane Katrina relief effort.
Yahoo! for Good
Click here to donate to the Hurricane Katrina relief effort.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

