Kang Ganjar,
Atuh mun kitu mah...
sanajan ibadah sami waé dimana-mana ogé, tapi maca dongéngna
kang Ganjar mah...mendingan di Indonesia wé ah...
heu heu ....

Wilujeng saum Kang

-ndoell-


--- In [email protected], Ganjar Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> 
>  
> 
> Saum Sareng Lebaran di Prancis
> 
>  
> 
>             Sasih saum di Prancis mah tangtos bénten sareng di 
lembur. Tetebihan kangadangu sora dulag (di urang gé kétang di kota-
kota mah tos ngawitan teu aya bedug téh), dalah urang  Prancis na ku 
anjeun ogé sigana seueur anu teu terangeun yén nuju sasih kaum.  Anu 
ngaraos tur ngararaoskeun téh tangtos anu agamina Islam wungkul. 
Nurutkeun data, Islam téh  agama nomer tilu di Prancis sabada Katolik 
sareng Protestan. Anu ngagem Islam di Prancis kirang langkung aya 
kana dua yuta na; seuseurna para imigran ti nagara Afrika sareng 
urang Timur Tengah. Tapi ari anu saum mah tangtos ngan anu kagero ku 
kecap "Ya ayyuhalladzina aamanu kutiba `alaikumusshiam"; hartosna anu 
ngaros "iman" wungkul, anu teu ngaraos mah teu sawios-wios, magar téh 
onta ogé cacakan di Arab tara saraum.
> 
>             Saum taun ieu téh  lagrag dina usum gugur, kukituna 
panjang wengi sareng siam méh gedeg. Ngan angger panjang kénéh wengi; 
subuh teh nembé tabuh 6.20 énjing sedengkeun bukana tabuh antawis 
tabuh 7.00 dugi ka 7.30 wengi. Kumargi tos rada-rada tiris (antawis 
8 – 10 darajat C), janten karaosna teu patos abot (maksad téh tara 
hanaang, tapi kétang ari patuangan mah usum tiris téh justru  sok 
langkung teterejelan). Anu raos mah saum téh pas dina usum tiris 
nyaeta sasih Desember atanapi Januari. Saurna tabuh satengah dalapan 
enjing, bukana tabuh satengah lima sonten. Sedengkeun saum anu 
pangabotna dina usum panas, utamina sasih Juni, margi siangna panjang 
pisan. Imsak tabuh satengah tilu subuh, sedengkeun bukana ampir tabuh 
satengah sabelas wengi.
> 
>             Saum dina usum panas mah sok rajeun aya anu milarian 
dalil. Panjang-panjang teuing cenah saum téh, rék nurutan siga di 
Indonesia waé magar téh. Imsak tabuh opatan, buka tabuh genepan. Tapi 
anéhna ari saum dina sasih Desember mah, raraosan can aya anu 
hoyongeun saum ngagunakeun waktos siga di Indonesia. Mémang saum 
sasih panas téh salian ti panjang, panasna ogé sanés lumayan. 
Sakapeung dugi ka 40 darajat celcius. Pribados kantos ngalaman saum 
sasih panas téh waktos jaman tolab pertengahan taun dalapan puluhan. 
Acan deui gogoda anu sanésna, diantawisna gogoda soca. Kapan usum 
panas mah si enéng bulé téh sok resep buluklak boléklak. Acuk 
pungsat, pinareup kamana mendi teu kawadahan, malihan kaluhuran mah 
sok aya anu bulucun pisan. Kituna téh bari lalangkarakan di taman-
taman. Aya deui gogoda sanésna. Kumargi waktos jaman sakola téh ngan 
nyorangan, milarian dahareun kanggé buka téh sok di réstoran 
universitas waé siga biasana. Tah ari lebet ka réstoran universitas 
teh sok
>  kedah antri pasedek-sedek; sakapeung  sok silih surungkeun 
(tidituna mah heureuy siga tarawéhan jaman keur budak di urang 
panginten). Atuh ari keur pasedek-sedek téa sagala kabadug, kalebet 
pinareup anu tara diwaradahan tea. Saur ki sobat anu ahli heureuy 
mah, teu kalebet dosa cenah da teu ngahaja. Nyebat kituna téh aya 
émbohna deuih. Majar téh anu pangresepna bulan puasa téh justru upami 
nuju antri di réstoran universitas ........................       
> 
>             Upami di urang mah awal puasa téh kapan sok diumumkeun 
dina televisi atanapi radio. Di ditu mah baroraah. Béja awal puasa 
téh sok pabeja-beja wae. Sumberna masjid Paris. Salah saurang 
pangurus anu sok ngokolakeun jumaahan, biasana kontak ka éta masjid. 
Upami tos karuhan waktosna, teras disebarluaskeun ngalangkungan 
telepon, atanapi urang anu nelepon ka éta pangurus. Urang masjid 
Paris na ku anjeun duka kumaha   nangtoskeun awal saum teh. Ninggali 
kana can ditangtoskeun tianggalna mah, sareng deui dongkapna wartos 
anu sok méh tengah wengi,  sigana mah ngagunakeun oge metoda ru'yah. 
Tapi kétang duka naon anu ditoongna (punten maksad téh duka dimana 
noongna ?) 
> 
> Sami sapertos awal ramadhan, katangtosan awal syawal ogé kedah 
ngantos heula dawuh ti masjid Paris. Kantos ogé ngeplos, hanas tos 
pakpikpek ngadamel kupat, manahoréng lebaran téh  pagétona. Khusus 
ngeunaan kupat, di Perancis mah tos ampir ti taun dalapan puluh mula, 
cangkang kupat téh tina plastik (sanés dibungkus ku daun kalapa). 
Upami teu lepat mah buatan Amérika dan mérekna ogé Uncle Ben. Di 
urang ogé ayeuna mah sigana tos aya. Salian ti teu aya daun kalapa, 
bungkus kupat ku plastik téh teu rincid. Raosna mah ampir sami ngan 
teu aya seungit-seungit daun. Ngulubna ogé tiasa énggal teu sapertos 
anu dibungkus daun kalapa anu méh sawewengi.
> 
> Ka anu badé ngersakeun tarawéhan tiasa angkat ka masjid. Di 
Perancis ayeuna tos ngawitan aya sababaraha masjid. Khusus kanggé 
urang Paris, tiasa ngalaksanakeun di masjid Paris, atanapi masjid 
sanésna sabudeureun Paris sapertos di daerah Barbes; di luar kota ogé 
tos ngawitan aya masjid diantawisna di daérah St. Quantin Yvelinnes 
kirang langkung 30 Km. ti Paris. Urang Indonésia mah biasana sok 
tarawéhan di gedong KBRI. Ngan tara unggal wengi. Dina saminggu téh 
ukur sakali, nyaéta unggal malem Saptu wungkul. Pertimbanganana 
sigana mah barabé upami diayakeun unggal wengi téh. Margi pan bumi 
jamaahna tarebih, sareng pambeng deuih. Bubar kantor tabuh 17.00 ari 
buka tabuh 19.30 dilajengkeun ka Isya/tarawéh tabuh 21.30 atuh bubar 
téh tabuh 22.30. Anu barabé téh, ogé nyiapkeun bukana. Aruih heula ka 
bumi tebih, mekel tuangeun ti bumi sesah manaskeunana. Panginten 
alesan waé kétang. Anu sok resep dadalilan mah aya émbohna, "tarawéh 
téh kapan sunat, sedeng anu sunat mah saé kénéh dilaksanakeun
>  di bumina masing-masing". Dina prakna mah duka di bumina masing-
masing téh duka sok tarawéhan duka henteu. Tapi ari ngukur ka diri 
pribadi mah, seuseueurna lapur. Kasambet panyawat horéam. 
> 
> Tarawéhan di KBRI sok dingawitan ku buka sareng. Tuangeunana 
kintunana ibu-ibu. Siga di urang waé aya giliran. Tarawéhan taun ieu 
mah ibu-ibu téh karoroncodan. Maklum nyadiakeun tuangeun ngan saukur 
tujuh puluh urangeun, ari anu hadir langkung ti saratusna. Atuh aya 
anu teu kabagéan. Jamaahna salian ti warga KBRI, ogé masyarakat 
Indonesia anu aya di Paris, kalebet anu narikah sareng urang 
Prancis.  Alhamdulillah diantawis urang Prancisna ku anjeun aya anu 
ngariring netepan. 
> 
> Waktos pribados tolab di Montpellier, tarawéh téh dilaksanakeun di 
asrama. Jamaahna campur sareng bangsa deungeun, utamina urang Arab. 
Harita mah saum téh kapan usum panas téa. Nya tarawéh téh ampir 
tengah wengi da isana ogé tabuh satengah dua welasan. Urang Arab téa, 
ari janten imam téh kapan sok ngaréngsékeun sa juz samangsa tarawéh. 
Atuh tarawéh téh ampir dua jamna. Réngsé tarawéh langsung saur, da 
imsakna ampir satengah tiluan. Ngaréngsékeun  sajuz sawengi téh, 
dilakonan ogé ku masjid-masjid sanésna. Ngawitan mah sok hélok terang 
imam apal kana ayat di luar mastaka téh; tapi barang diteges-teges, 
horéng aya ogé anu maca ayat téh tina Quran alit. Dina mangsana 
sujud, ruku sareng maca fatihah Qur'an téh disakuan, dina mangsana 
maca ayat dikaluarkeun. Tapi seueur ogé anu ngolotok. Hébatna 
diantara para jamaah ogé seueur deuih anu apal. Dina mangsana imam 
hilap kana naon diucapkeunana, diantara jamaah réang 
manglempengkeun.     
> 
> Anu nalangsa mah mun dongkap kana mangsana lebaran. Héab-héab 
lebaran téh ngan di KBRI wé wungkul; pédah dilaksanakeun sholat Ied. 
Di tempat sanésna maha baroraah. Kantor buka sabihari. Sapertos kana 
saum; urang Prancis mah biheung apaleun aya anu lebaran. Waktos jaman 
nuju keurseus bahasa, sakelas téh padahal urang Indonésia wungkul, 
tapi sakola téh ngan masihan ombér peré dugi ka solat ied wé wungkul. 
Atuh réngsé solat ied mah breng deui waé neraskeun garapan diajar. 
Solat ied téh méh jam salapan énjing (duka kumaha nangtoskeunana, da 
ari di lembur mah kapan tabuh genep atanapi satengah tujuh 
ngawitanana téh). Pédah solat ied téh dina waktosna gawé atanapi 
sakola, atuh diantawis anu solat iéd téh seueur anu gura-giru teu 
taramat ngadangukeun khutbah. Pating laléos kitu waé. Padahal di 
lembur mah réngsé sholat ied téh kapan resep pisan. Ubrang-abring 
kaditu kadieu silaturahmi bari nyobian kuéh tatangga. 
> 
> Khusus kanggé urang Indonesia di Paris mémang aya ogé "open house" 
anu dilaksanakeun di padumukan duta besar. Atuh para diplomat anu 
sanésna sok aya ogé anu ngayakeun "open house". Ngan kumargi 
rahayatna ngan sakedik bring kaditu kadieu téh guk gok éta deui-éta 
deui alias ceuk barudak ayeuna mah 4 L téa (lu lagi-lu lagi).
> 
>  
> 
> Nikmat lebaran téh diantawisna lamun ngadangukeun sora takbiran. 
Kumargi di KBRI mah tara aya malem takbiran, atuh ngararaoskeun 
nikmatna sora takbiran téh ngan dina mangsana badé sholat ied 
wungkul. Di sababaraha masjid lafadz takbiran téh unina kieu (bénten 
sareng di urang): "subhanallohi walhamdulillahi walaa ilaaha ilalloh 
huwallohu akbar – allohu akbar walillahilhamd". 
> 
> Tong baroraah di lembur deungeun, dalah di lembur sorangan ogé 
upami ngadangu sora takbiran téh teu karaos cimata sok ngeclak kana 
lahunan. Ngan ari di lembur batur mah sakapeung sanés napakuran diri, 
tapi  ngawawaas suasana lebaran di lembur. Teu lucu mémang, dina 
mangsana kedah nyaliksik lalampahan hirup, émutan bet luas-léos tebih 
pisan nepi  ka beuleum ulén sareng tumis garing. Gusti hapunten abdi. 
> 
>                           
> 
>  
> Paris, 10 Oktober 
> 
>               
> ---------------------------------
>  Appel audio GRATUIT partout dans le monde avec le nouveau Yahoo! 
Messenger
>  Téléchargez le ici !
>






------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give at-risk students the materials they need to succeed at DonorsChoose.org!
http://us.click.yahoo.com/Ryu7JD/LpQLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 




Kirim email ke