Aya dongeng soal ironina hukuman pati ieu. Cenah mah baheula di Inggris kajahatan merajalela. Kulantaran kitu hukuman kanu ngalakukeun kajahatan saperti pulang-paling barang batur, dihukum beurat, digantung dipayuneun umum, dilalajoanan ku masyarakat, ngarah nu sejenna kapok. Nu pangheula keuna hukuman ieu teh budak angon kulantaran maling domba. Dina poeanana budak angon ieu rek digantung, jalmi ti suklak jeung siklukna darongkap, ngadeudeug acara ngagantung jelema. Tepi ka pasedek-sedek papada hayang ningali jalanna hukum gantung ieu.
Giriwil weh budak angon teh digantung, kerejet-kerejet, hos weh paeh. Nu lalajo hatena pada sarugema jeung yakin yen kajahatan bakal ngurangan, sabab hukumanana nu sakitu beuratna. Ngan waktu nu lalajo bubaran, aya kaributan, loba nu kukulutus, pasalna mah dompet nu lalajo loba nu leungit, aya nu ..........nyopet! Baktos, WALUYA --- In [email protected], agus nurliawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > assalamu'alaikum > > sok sieun teh ari di urang mah, gogorowokan "KORUPTOR ...KORUPTOR" teh pedah teu kabagean wungkul atawa can aya kesempetan meureun. > > > > naha kitu? ...baheula jaman repormasi teh mani pating gorowok kkn kkn kkn, tepi ka rahayat leutik oge.tapi geuning saha atuh anu ngabukbak leuweung jati ti jawa tepi ka ciamis mani tepika 'ludes' teh, malah ayeuna dikarebonan sagala rupa. kuring mah can bisa ngabedakeun naha ari nukituteh kaasup koruspi oge atawa ngan saukur 'ngabadog'. > > > > mun dibunuhan mah ... boa-boa bisa banjir getih. > > wassalam > > agusnurli > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital. http://us.click.yahoo.com/ons1pC/lbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

