Naha ieu teh cirining urang geus aya dina abad informasi? Urang jadi loba nyaho oge jadi boga kayakinan, bingung, curigaan jste.? Terus kumaha urang sunda ngigelanana? Kapan urang sunda teh aya nu masih ulukutek "buta hurup", tapi aya nu geus laluhung atikanana. Nu di dayeuh geus ngulik bits, bytes, nu di lembur masih nyekel seren taun (bari cenah iklim alam dunya geus obah polana).

Naha urang sunda keuna atawa ngalaman "culture shock"?
 
jalak pakuan
BMRC Realita
(macana siga Rachma Sarita/Sandrina Malakiano dina Realita Metro TV tea).
 
 
 

waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
--- In [email protected], asep juarna <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Lamun tea mah enya "kasus KPU, Ambalat, Polio, Flu
> Burung, Kanaekan BBM, Bom Bali II, ayeuna Cenah Bagir
> Manan, Teras ditambihan deui perkawis Surplus APBN
> tahun 2005" teh aya sakadang pangatur lakuna
> (sutradara), tada teuing hebatna eta sakadang, manehna
> kudu ngatur mangpirang-pirang jelema jeung
> mangpirang-pirang sikep... Ceuk kuring mah asa
> pamohalan aya sakadang siga kitu...
>
Aya artikel dina koran, hilap deui judulna mah, cenah mah bangsa urang
teh geus keuna ku panyakit "sagala curiga". Sagala kajadian sok
dihubung-hubungkeun jeung sikep curigana ieu. Aya nagara Asing nu
nulungan Aceh saentasna tsunami, curiga, cenah eta ngara teh rek
metakeun selat malaka jeung Aceh. Teu kurang anu nyarios kitu teh
kepala BIN. Keur anu sok loba urusan jeung peta-peta, cariosan ieu teh
piseurieun, na da ti baheula oge Indonesia mah geus dipetakeun ku
Amerika. Mangga geura tingalian peta topografi atawa peta Geologi
daerah di Indonesia, aya tulisan nu kira-kirta hartina kieu: "Ieu peta
didasarkeun tina peta dasar buatan US Army" ...hehehehe. Kuring yakin
dasar lautan di Indonesia oge geus dipetakeun, komo ari laut mah da
langkung sepi tinimbang di darat.

Sikep curiga oge ditunjukkeun dina soal rekaman video amatir bom Bali
II. Teu kurang komentator di salah sahiji stasiun TV swasta,
nyebutkeun eta nu nyieun film teh kudu ditaliti naon maksudna. Lamun
opini ieu diturut, engkena lain neangan nu ngebom, tapi ngekesek
jelema nu ngarekam kajadian ieu. Teu diemut, anu piknik dimana-mana
oge sok resep rukum-rekam, ngan kabeneran we ngarekam kajadian nu luar
biasa.

Duka mimitina kunaon, "rasa curiga" bangsa urang, gede pisan?

Baktos,
WALUYA


Yahoo! Music Unlimited - Access over 1 million songs. Try it free.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke